Rabu, 01 Agustus 2018

KITAB LAYANG MUSLIMIN MUSLIMAT JILID-3



Lanjutan Jeujeur Carios anu kapungkur......!
Raden Muslimin sareng raina Raden Muslimat, saparantos netepan Asar…, teras ngabarujeng deui ka Bale Paguneman, neraskeun hanca obrolannana.
Rd. Muslimin : Alhamdulillah rai…, urang dipasihan sehat, kiat, mugi-mugi bae saterasna Allah Ta’ala ngucurkeun rahmat, kasalametan, oge kalancaran dina raraga urang madungdengkeun ieu Elmu Agama. Amin…….
Urang teraskeun hanca garapan obrolan urang, anu dipiharep ku rai teh nyaeta perkawis :
Dzatuuloh, Sifattulloh, Asma’ulloh, Af’alulloh.
Rai…!, eta anu 4 (opat) perkawis, insya Allah urang dadar sakaterang engkang, boh luarna boh jerona : Luarna : Ari Dzatulloh teh, nyaeta ALAM disebatna, anu ngawengku Alam semesta (Alam Dunya). Ari Sifattulloh, nyaeta CAANG satungkebing Langit. Margi Nu Maha Agung mah, Hiji Dzat-Na, Hiji Sifat-Na, tapi mahi ngaliputan kana saniskara anu ngajadi. Istuning henteu aya anu kaluar tina Dzat Nu Maha Suci. Ari Asma’ulloh mah nyaeta Seneu, Angin, Cai, Taneuh.
Tah…eta Asma nu Maha Suci…, hiji mahi ka sadayana. Margi eta anu opat teh jadi huruf, jadi lafadz Asma Allah ( ﺍﷲ ) :
ALIP ( ﺍ ), LAM AWAL ( ﻞ ), LAM AKHIR ( ﻞ ), HE ( ﻪ ).
Ari Af’alulloh teh, nyaeta nyata HAWA, anu ngahirupkeun sa-Jagat. Kumaha rai..!, karaosna…?, surup sareng lelembutan…?, atawa masih keneh bingung….?.
Rd. Muslimat : Saha jalmina….. anu henteu ngartos kana eta katerangan anu sakitu jentrena. Kantun ayeuna hoyong terang nyasarna kana diri…!.
Rd. Muslimin : Upami rai teu acan uninga, kieu geura : Dina Diri mah :
Dzatulloh = nyatana BADAN SAKUJUR, tiluhur sahibas mastaka, ti handap sahibas dampal sampean. Sifatulloh = nyatana RUPA URANG, moal salah.
Asmaulloh = nyatana DAGING, TULANG, SUMSUM, KULIT. Ieu anu opat.., sami di Dohir oge jadi huruf Asma Allah ( ﺍﷲ ) : ALIP ( ﺍ ), LAM AWAL ( ﻞ ), LAM AKHIR ( ﻞ ), HE ( ﻪ ).
Af’alulloh = nyatana mah USIKNA DIRI, usik malik badan urang.
Rd. Muslimat : Ke..kang.., naha..?, kapan tadi oge… Allah Ta’ala teh mung hiji. Atuh upami disurupkeun kana saban-saban diri manus amah…, panginten Allah teh mang pirang-pirang…salobana manusa di ieu Dunya, teu acan deui sasatoan.
Rd. Muslimin : Naha…? Ari rai…, bet kaliru teuing..? cing cobi rai…!, geura angkat kanu rame, kanu seueur jalmi mang juta-juta, pek sidik-sidik tingalian sugan aya anu sarupa persis sareng rupi diri rai. Da … pangemut engkang mah, sanajan di sakuliah dunya oge, moal aya nu sarupa, sapamulu, anu ceples taya bedana. Sok sanaos anu kembar oge, tetep kedah aya cirri anu ngabedakeun.
Rd. Muslimat : Eeh…leres…nya ?, upami kitu mah…, da rupi rai mah sadunya oge moal aya anu sami, paling-paling ampir sami. Eta rupina tawisna Allah mung hiji. Kahartos ayeuna mah kang..!, manawi aya terasna…?
Rd. Muslimin : Kantenan….aya keneh terasna. Geura ieu urang wincik deui. Eta anu diterangkeun di luhur teh, upami diringkeuskeun mah….kieu : Eta DZATULLOH teh, nyaeta PANGUCAP urang. Margi eta Pangucap teh istuning atu ngajadikeun sagala karamean di Alam Dohir. Upami henteu ku Pangucap…, gerura moal jadi sagala kahayang manusa teh, gedong-gedong moal jlug-jleg, kendaraan moal rapang jsjb. Jadi ramena ieu alam dunya teh lian ti ku kecap, tegesna ku caritaan. Da… kapan tadi oge Dzat teh mangrupa Bibitna. Ari SIFATULLOH mah, nyaeta PANINGGAL urang. Eta anu mere tuduh kana sagala sifat, anu hade - anu goreng, oge pada kumpul gulung dina Paninggal, satungkebing langit, satungkebing bumi. Sakur sifat kana Soca gulungna : Caang, poek, berem, bodas jsb. Anu matak Soca disebat Sifattulloh. Ayeuna ASMA’ULLOH, nyaeta PANGDANGU urang. Cepil wadahna. Kieu katerangannana : Geuning nyata sakabeh sora kumpul gulungna kana Cepil. Ayana cariosan, sakur-sakur anu diharuskeun ku Baham, eta sadayana Asmaulloh. Asupna moal leupat deui, iwalti ti kana Cepil. Kantun AF’ALULLOH, ari sareatna anu aya dina diri nyaeta NAFAS urang. Kaluar asup mangrupa wawayangan Sifat Hirup tea, anu ngawengku nguatkeun sakabeh wujud, eta pisan anu jadi tihangna. Da …, upami henteu aya nafas mah, tangtosna oge maot. Tah palebah dinya…, wajib pisan ku urang kaharti, Nafas teh .. lamun kaluar…kamana dumukna..?, nyakitu deui lamun ka jero badan dimana enggon ngancikna ? Da moal leungit tanpa sabab, tangtu aya tempatna.
Rd. Muslimat : Sumuhun…puguh upami ngemut ka palebah dinya… matak paur, matak reuwas…, sieun les bae pupus. Cing…kang…!, kumaha …supados ngartos…!.
Rd. Muslimin : Naha..make paur ?, kapan tadi oge Allah Ta’ala mah Sifat Adil, nya buktosna ku nurutkeun Elmu, Sareat, Tarekat, Hakekat, Ma’rifat. Tah eta teh perjalanan…, jalan manusa baralik deui kana asalna baheula, nyaeta … tempatna ROH urang waktu di QODIM, waktos di KUDRATTULLOH. Anu matak urang ayeuna kedah kersa milarian Elmu Ma’rifat. Nyaeta ma’rifat ka asal tadi, sangkan puguh pangbalikan. Ulah henteu puguh jugjugeun. Heug bae kasasar di jero imah, linglung di jero lembur, utrak atrok, ngancik dina kayu, dina batu ngajungjurigan ka batur, paeh henteu sampurna, henteu Wa ina ilaihi riji’un. Tah…rai..!, lamun kitu.., hartina teu boga tempat…, atuh bebekelan beunang hese cape ngalakonan amal ibadah waktu di Dohir teh, nyaah temen pabalatak, acak-acakan henteu puguh wadahna. Kitu upamana rai..!, anu mawi teu weleh-weleh engkang mepelingan, kedah langkung ati-ati enggoning ibadah teh kedah sareng ma’rifatna kana asal-usul urang jaman nuju di QUDRATTULLOH, margi eta…pangbalikan anu sajati teh.
Rd. Muslimat : Da…yaktos pisan kitu,…seuseueurna teh .., ari ibadah keur dipangumbaraan teh, maksadna mah kukumpul pibekeleun mulih ka tempat asal. Tapi ari tempat piwadaheun bebekalan, sok tara diemut kalawan daria. Antukna sok nemblehkeun kumaha engke bae, kumaha Anu Maha Agung. Atuh kitu mah, sami bae sareng ngadameul bujang ka Nu Maha Suci teh. Kang..!, tadi mah DZATULLOH, SIFATULLOH, ASMA’ULLOH, AF’ALULLOH teh nembe diluarna, tah ayeuna kumaha ari di jerona…?
Rd. Muslimin : Insya Allah, ayeuna urang terangkeun di… Jerona (Hakekatna). Kieu rai..!, hakekatna perkawis : Dzatulloh : Nyaeta RASA, moal lepat deui…! Sifatulloh : Nyaeta NUR DZAT (anu Caang Narawangan), disebut oge Johar Awal, disebut oge Hakekat Muhammad, atau Bahrul Hayat (Sagara Hirup) atawa JATINING SYAHADAT. Asmaulloh : Nyaeta NUR MUHAMMAD (Cahaya opat warna) : NARUN (NURUL AHMAR/BEREM) NGAJADI HURUF ALIP ( ﺍ ) HAWAUN (NURUL ASHFAR/KONENG) NGAJADI HURUF LAM ( ﻞ ) MAUN (NURUL ABYAD/BODAS) NGAJADI HURUF LAM ( ﻞ ) TURABUN (NURUL ASWAD/HIDENG) NGAJADI HURUF HE ( ﻪ ) Ari NUR DZAT atau JOHAR AWAL janten Hakekat Tasjid ( ω ) Tuh geuning sidik Lafadz Asma Allah. Eta ku rai… kedah kapendak upami nuju ngalakonan Ismu Dzat, margi eta disebat Bahrul Adam (Sagara Adam), nyaeta tempat kasampurnaan Jasmani (Jasad). Af’alulloh : Nyaeta AWASNA ING DALEM (Awasna mata qolbu/hate), dina waktu Tazalli. Tah eta teh Af’alna Allah Ta’ala.
Rd. Muslimat : Aduh…hatur nuhun pisan kang..!, ayeuna mah rai teh Taohid, parantos tutug perkawis Dzatulloh, Sifatulloh, Asma’ulloh, Af’alulloh, boh luarna (Alam Kabir), boh surupna dina diri (Alam Sagir), oge dijerona (Batina). Naming… mugi engkang ulah bosen..!, margi rai teh bade naroskeun deui, masih keneh bingung…. Perkawis Kanjeng Nabi Muhammad Rasululloh SAW, janten kacapangan jalmi, sok disarebat “ WAL AWALU WAL AKHIRU “ (Pang awalna, oge pang akhirna).
Malah sok disarebat Khotaman Nabiyin (Nabi Panutup) deui. Tadi engkang nyabit-nyabit Nur Dzat, Johar Awal atawa Hakekat Muhammad. Palebah dieu… rai teh terus terang bingung keneh. Kana maknana eta basa. Panginten moal luar wungkul, pasti aya jero-jerona.
Rd. Muslimin : Atuh puguh bae… ay amah teuleumannana. Upami rai teu acan ngartos perkawis Nabi jungjungan urang, pangna disebat pang awalna sareng pang akhirna, oge disebat Nabi Panutup…., kieu geura : Ku engkang… parantos didadarkeun perkawis… Secara BATIN-NA (Hakekatna) : Ari Nur Dzat atawa Nurulloh, atawa Johar Awal, atawa Hakekat Muhammad Rasululloh teh, mangrupi Bahrul Hayat (Sagara Hirup), bibit 7 Lapis Langit, 7 Lapis Bumi. Jadi saniskara anu aya teh henteu pajauh, henteu pisah sareng Allah sareng Muhammad. Moal aya Muhammad lamun henteu aya Allah, sawangsulna moal aya Allah upami henteu aya Muhammad. Rai..!, Allah sareng Muhammad Rasululloh teh ibarat Panas sareng hurungna seneu gulung ngajadi hiji (manunggal). Moal aya sifat hurung, upami henteu aya panas. Panas oge pon kitu deui moal aya, upami sifat seneuna leungit. Tah….. kitu pangna disebat Awalna teh …, ayeuna urang terangkeun secara Syareatna : Secara LAHIR-NA (Syareatna) : Saparantos gumelar Nabi Adam sareng Babu Hawa, kapan pangna tiasa putraan teh, kusabab Sapatemon Rasa. Ari rasa kapan hakekat Rasululloh, da upama henteu aya Rasa mah…. di dua-duana moal kaluar Mani. Ari eta Mani… kapan Hakekat Adam. Jadi jelas atuh, da Adam teh Sorotna Hakekat Muhammad (Nur Dzat), nyaeta sorotna Rasa. Eta mani, lila-lila mangrupa, ngawujud kieu : jadi SIRAH, jadi DADA, terus jadi UDEL, jadi SUKU. Ieu jadi Lafadz : Tina SIRAH NGAJADI HURUF MIM AWAL (ﻣ ) Tina DADA NGAJADI HURUF HE (ﺣ ) Tina UDEL NGAJADI HURUF MIM AKHIR (ﻣ ) Tina SUKU NGAJADI HURUF DAL (ﺩ ) Nya…jadi Lafadz Muhammad (ﻤﺤﻤﺪ) jadi Awal Wiwitan tina Alam Nur sareng Rasa, sareng Akhirna (Wekasannana) ngajanten Badan/Wujud anu ngabungkus Nur sareng Rasa.
Rd. Muslimat : Eta katerangan engkang…, kahartos pisan, cocog kana babasaan pang Awalna sareng pang Akhirna. Dupi eta aya basa Nabi Panutup….?, naonnana kang….?.
Rd. Muslimin : Ngamaknaan basa panutup teh kedah kieu rai. Panutup tina hal pangkat ka-Nabian, moal aya deui pangkat Nabi. Panutup dina hal Elmuna anu ngawengku Rukun Agama, anu opat tahap parantos kasungsi, nyaeta : SAREAT, TAREKAT, HAKEKAT, MA’RIFAT. Parantos Ma’rifat sapaninggal Dzat – Sifat Maha Suci. Anu mawi Nabi Muhammad mah pangkatna atawa titelna oge Rasululloh. Kitu tah…rai !, perkawis basa panutup mah.
Rd. Muslimat : Percanten atuh.. ari kitu mah paingan atuh … Nabi Muhammad dina hadistna nganjurkeun ka umatna, yen Awal-walna Agama teh kedah terang heula ka Allah. Dupi eta kang..!, sanggeumna Nabi Muhammad teh salaku Luluguna para Rasul anu genep nyaeta : Nabi Adam Khalifatulloh Nabi Nuh Habiballoh Nabi Ibrahim Kholilulloh Nabi Musa Kalamulloh Nabi Isa Rohulloh Nabi Muhammad Rasululloh Cing… kumaha eta teh kang…? Boh sareatna boh hakekatna ?
Rd. Muslimin : Ari Sareatna mah…, ieu para Rasul teh salaku utusan Allah, dina Jaman-na ngabingbing umatna waktu harita nalika Mantenna jarumeneng. Ayeuna eta para Rasul teh ….parantos pada pupus, parantos pada sirna. Tapi poma rai.., ulah kaliru..!, anu pupus mah Majajina (Wujud Jasmanina), moal beda sareng manusa biasa, moal beda sareng urang… Hawadisna anu pupus mah, da ari Rasulna (Rasana) mah henteu istuning Langgeung teu Owah Gingsir. Sakali deui…, ari Hakekatna mah…, Rasul (Rasa) mah terus lumangsung…, malahan Rasul anu genep, ngagulung kumpul dina hirupna. Kapan eta hirup teh sifatna mah tangtu aya dina Diri urang anu masih gumelar di Alam Dohir.
Rd. Muslimat : Naon atuh Hakekatna para Rasul anu genep dina Diri Manusa teh …..?
Rd. Muslimin : Ari… teu acan terang Hakekat Rasul anu genep dina Badan urang…, kieu geura :
NABI ADAM “ KHALIFATULLOH “, tegesna wawakil Allah Ta’ala pikeun Bibit nurunkeun manusa. Buktina sadaya manusa geuning ti Adam sareng ti Hawa. Ari nyatana Adam dina diri urang, nyaeta ADEGAN, tiluhur sahibas mastaka tihandap sahibas dampal sampean. Jadi Adam teh SA ADEG – SA WUJUD Irodatna Nu Maha Kawasa pikeun nurunkeun manusa
NABI NUH “ HABIBULLOH “, nyatana di badan urang nyaeta PANGDANGU.
NABI IBRAHIM “ KHOLILULLOH “, nyatana di badan urang nyaeta PANINGGAL.
NABI MUSA “ KALAMULLOH “, nyatana di badan urang nyaeta PANGUCAP.
NABI ISA “ ROHULLOH “, nyatana di badan urang nyaeta PANGANGSEU. NABI IBRAHIM “ RASULULLOH “, nyatana di badan urang nyaeta RASANA WUJUD. Sasat Panghulu atawa lulugu sadaya Rasul (Rasa). Rasa Sakujur Badan (Adegan), Rasa Pangdangu, Rasa Paninggal, Rasa Pangucap, Rasa Pangangseu. Pokona sakujur badan pangna bisa usik malik, nangtung, lian ti ku Rasa. Ari anu nguatkeun Rasa nyaeta ku Hirup. Hirup anu ngokop kana Rasa, Rasa ngokop kana Wujud, Wujud ngokop kana Kahayang (Nafsu anu opat rupa : Amarah, Lowamah, Sawiyah, Mutmainah). Tah kitu rai…!, perkawis pereleanana para Rasul anu genep, salaku luluguna Nabi Muhammad Rasululloh SAW. Rd. Muslimat : Kahartos ayeuna mah.. geuning ari dijelaskeun hakekatna mah jadi ebreh … eta para Rasul teh. Dupi eta…kang !, aya basa MUHAMMAD HAQ, MUHAMMAD HAKEKI, MUHAMMAD HARID, sareng MUHAMMAD MAJAJI, kumaha katerangannana ?
Rd. Muslimin : Urang cobi engkang.. bade nerangkeun MUHAMMAD HAQ, MUHAMMAD HAKEKI, MUHAMMAD HARID, sareng MUHAMMAD MAJAJI. Kieu rai..!, perkawis eta opat titel teh : MUHAMMAD HAQ : Nyaeta Gulungna Dzat sareng Sifat anu rupina Caang Dumeling. MUHAMMAD HAKEKI : Nyaeta Sorotna Dzat sareng Sifat ngajadi Cahaya 4 (opat) Warna : NARUN (CAHAYA BEREM) NGAJADI HURUF MIM ( ﻣ ) HAWAUN (CAHAYA KONENG) NGAJADI HURUF HE ( ﺣ ) MAUN (CAHAYA BODAS) NGAJADI HURUF MIM (ﻣ ) TURABUN (CAHAYA HIDENG) NGAJADI HURUF DAL (ﺩ ) Ngajadi Lafadz MUHAMMAD (ﻤﺤﻤﺪ) MUHAMMAD HARID : Nyaeta Rasa Pribadi, sifatna Rasa Jasmani. MUHAMMAD MAJAJI : Nyaeta Rupa Jasmani Tina SIRAH NGAJADI HURUF MIM AWAL (ﻣ ) Tina DADA NGAJADI HURUF HE (ﺣ ) Tina UDEL NGAJADI HURUF MIM AKHIR (ﻣ ) Tina SUKU NGAJADI HURUF DAL (ﺩ ) Kitu tah rai…!, pereleannana..!, piraku teu ngartos. Rd. Muslimat : Dupi eta anu disebat Nabi Muhammad Rasululloh SAW, anu di kubur di Madinah…, naon eta kalebetna ?
Rd. Muslimin : Eta mah Muhammad Pangkat. Pangkat Nabi Rasululloh, utusan Nu Maha Suci, anu ngagelarkeun Rukun Agama : SAREAT, TAREKAT, HAKEKAT, MA’RIFAT. Gunana sangkan manusa mulus salamet keur di dunyana sareng engke di akherat. Koncina kedah terang sareng prcaya Ayana Allah Ta’ala. Rai…!, mung Nabi Muhammad anu kabagian Ma’rifat kana Dzat Sifatna Allah Ta’ala, da …para Rasul anu sanesna mah henteu kabagian Ma’rifat. Anu mawi Kanjeung Nabi Muhammad mah, Elmuna parantos tutug…, janten panutup. Elmuna teh ngocor ka umatna.., kitu oge upami kapanggih. Kitu tah…rai !, piraku bingung keneh.
Rd. Muslimat : Kahartos ayeuna mah…, geuning ebreh… ari parantos dijelaskeun hakekatna mah…. eta jenengan anu opat teh. Ke….!, dupi eta.. aya basa HAKNA ALLAH, HAKNA MUHAMMAD, HAKNA ADAM……, kumaha eta teh kang ?
Rd. Muslimin : Insya Allah engkang bade nyabi nerangkeun HAKNA ALLAH, HAKNA MUHAMMAD, HAKNA ADAM : Ari HAKNA ALLAH teh moal salah AWAS Ari HAKNA MUHAMMAD teh nyaeta NU NGAWASKEUN Ari HAKNA ADAM teh nyaeta NU DI AWASKEUN Geura ku rai…emut..!, upami Awas wungkul, tapi teu aya Nu Ngawaskeun, tangtuna oge luput/moal ngabukti. Kitu deui… aya Awas sareng Nu Ngawaskeun, tapi henteu aya Anu di Awaskeun, tetep moal jadi Elmu (kanyaho). Jadi anu tilu ieu, ngantet henteu pisah : DZAT, SIFAT, ASMA, ngahiji atawa ALLAH – MUHAMMAD – ADAM parantos akrob, sareng dina Wujud urang. Tah anu tilu ngagulung, manunggal ngajadi hiji antara : HIRUP – RASA – WUJUD/ADEGAN. HIRUP Eta kanyataan Ayana Allah, moal teu aya. RASA Eta kanyataan Ayana Muhammad Rasul, salaku utusan Allah. WUJUD Eta kanyataan Ayana Adam Nabi, salaku Khalifah wawakil Allah.
Rd. Muslimat : Katerangan ti engkang…, gampil kahartos ku rai perkawis anu tilu Hak Allah, Hak Muhammad, sareng Hakna Adam. Naming bade aya anu ditaroskeun deui.., perkawis eta basa MAKHLUK sareng KHALIK, ku rai… teu acan kahartos jinisna. Mugi engkang kersa ngajelaskeun, naon bedana teh ?
Rd. Muslimin : Perkawis MAKHLUK sareng KHALIK mah kieu : MAKHLUK Nyaeta sakur anu nyareat (bukti anu aya di Dohir), anu ngajarentul di Alam Dunya. Sanajan SENEU, ANGIN, CAI, TANEUH, JELEMA, SASATOAN, TUTUWUHAN, kaasup oge NARAKA, SAWARGA, eta kabeh kaasup Makhluk. KHALIK Nyaeta BIBIT DUNYA Bibit Langit, Bibit Bumi katut saniskara eusina tea… anu kantos diterangkeun ti payun, nyaeta NUR MUHAMMAD (Cahaya anu opat warna) anu langgeung teu kena ku ruksak.
Rd. Muslimat : Mugia engkang ngajabarkeun secara hakekatna Sifat Allah anu RAHMAN sareng RAHIM, da saur Dalilna oge : “ KANG RAHMAN MURAHING DUNYA, KANG RAHIM ASIHINING AKHERAT “. Naha naon hartosna ?
Rd. Muslimin : Kieu penjelasannana mah rai..! SIFAT RAHMAN (Welas / Kamurahan Allah anu tumiba ka : WUJUD, kapan buktosna masihan anggota kayaning : Panangan, Sampean, Paninggal, Pangdangu, Pangucap, Pangangseu, Budi sinareng Akal. ALAM, kapan buktos masihan Seneu, Angin, Cai, Taneuh, Panon Poe, Bentang, Bulan, istuning sakitu kumplitna. Tah eta pokona kamurahan Allah teh, papak ka sadayana. Poma rai murahna Gusti teh sanes osok maparin rijki…, lain kitu. Da perkawis rijki mah, gumantung jalmina, gumantung tiasa sareng henteuna ngagolangkeun “ Modal ti Allah” nyaeta anggota tea, oge gumantung kana “ Elmuna” anu baris nyampurnakeun modal ti Allah tadi. Ti payun ku Engkang parantos di kapayunkeun kieu “ Manusa tanpa Elmu, hirupna bakal kasasar “ teras upami “ Manusa tanpa Agama, hirupna bakal kasasar”, atuh upama “ Manusa tanpa seni, hirupna bakal kasar”. Modal ti Allah (Anggota Badan) di euyeubkeun ku Elmu, terus soson-soson daek ripuh heula, tawakal metakeun anggota…, sageuy teu aya hasilna. Geuningan saur.. para sepuh oge sok ngawadian kieu : Lamun Hayang Ngakeul (Sangu), kudu daek Ngakal. Lamun Hayang Nyokol (Kana Sambel), kudu daek Macul. Lamun Hayang Kaya (Beunghar), kudu perceka. Urang kudu ngareret ka bangsa deungeun …, naha widang rijkina arunggul ?. Nyakitu tea, maranehna mah parantos mampuh ngagolangkeun modal ti Allah di sarengan ku Elmuna cukup, uteukna, akalna dipake mikir…, nya ngalahirkeun ( Cipta, Rasa, Karsa ), atuh anggotana ngopepang, sukuna dipake ngalengkah, dipuserkeun kana ciptaan Allah dina Alam Semesta nya bukti hasil karyana, mangfaat pikeun sakumna umat sadunya. Kapan sanggeum hadist oge : “ WAMAN TOLABA SAEUN JIDHAN FA WA JIDAHU “. Anu hartosna : Saha-saha anu temen pamentana ka Nu Maha Kawasa, menta bari jeung paksa. Jadi rai..!, lain kudu di pisirik.., di pikangewa bangsa deungeun teh !, tapi kedah di conto..!, palebah dinyana mah. Poma ulah ngalepatkeun Allah, nyangka Allah pilih kasih, ngawilah-wilah …, et amah urangna anu salah tanpa, … omat ! bisi nambahan doraka Rai !.
Rd. Muslimat : Rumaos… rai … bodo kang !, dugi ka gaduh emutan suudzon ka Allah, nambih-nambih pidorakaeun. Ayeuna mah parantos kapaham perkawis “ Kamurahan Allah “ di Dunya (Dohir). Ayeuna kantun SIFAT RAHIM ALLAH, nyaeta “ Asih di Akherat”, naon nyatana ?.
Rd. Muslimin : Ari Asihna di Akherat teh …, piraku ku rai…henteu karaos.., pek papay heula atuh !, ari Akherat teh naon ? nyatana di Badan urang ?
Rd. Muslimat : Dina leresan ieu mah…, rada poekeun keneh kang !
Rd. Muslimin : Bilih rai… teu acan ngarti, ari “ Akherat “ teh, nyaeta ALAM RASA, buktina di Badan urang teh. Piraku henteu kapikir sareng henteu ka rasa ku rai…, yen ieu kaayaan di Alam Dohir, boh anu di Cai, boh anu di Darat, anu amis, anu asin, anu pait, anu lada, … cing kamana eta surupna ?
Rd. Muslimat : Manawi sapamadegan …, emutan rai mah… eta sadayana surupna teh …nya kana RASA !, pangna aya Rasa sadumeh aya HIRUP. Leres kitu kang ?
Rd. Muslimin : Tah…geuning parantos ngartos. Geura pek Manahan naon-naon anu arasup kana badan…, anu nampi teh anging Rasa (Rasululloh). Ari Rasa kapan henteu pisah sareng Hirup. Eta bakating ku asih-asihna kana saniskara anu bisa usik malik. Rd. Muslimat : Hatur nuhun kang !..., Rahman sareng Rahimna Allah parantos kapaham. Ulah kapalang…, aya anu bade ditaroskeun deui… perkawis eta … anu opat kecap :
 HIDAYAH, DARAJAT, NI’MAT, sareng ROHMAT.
Rai masih keneh teu acan ngartos kumaha ngaraoskeunnana ?
Rd. Muslimin : Mangga ku Engkang… urang cobi-cobi terangkeun HIDAYAH, DARAJAT, NI’MAT, sareng ROHMAT. Supados gampil kahartosna.., urang cobi nganggo ibarat atawa upama. Upamana .. rai teh dina hiji waktu nuju didamel di sawah, ti isuk-isuk keneh. Parantos tengh poe karaos hanaang sareng lapar, atuh enggal-enggal Rai teh mulih ka bumi. Ari pek.. di bumi teh kasampak suwung, di konci…nuju nyaraba. Ti dinya Rai teh mikir …teras bae ngabujeng ka bumi saderek. Barang sumping ka bumi saderek, kasampak araya. Tah.. di dinya… dina manah rai.., tangtu nyebat “ Aduh Aing Hidayah “, kaleresan nyampak araya. Ari pek teh deui… parantos tatahar…bade taruang, katinggal rencangna lumayan. Ningali kitu dina manah rai tangtu nyebatkeun “ Aing Darajat “ keur hanaang bari lapar…, ieu geus sadia. Atuh habeuk bae… cacamuilan tuang ponyo pisan. Tah…dina manah rai tangtu nyebatkeun “ duh… ieu dahar ku Ni’mat-ni’mat teuing. Tapi biasana upami parantos neda ni’mat, sok karaos rada leuleus, lesu, haroream obah-obah acan, kuduna mah jagjag ari di asupan teh. Cing kira-kira naon margina ? Rd. Muslimat : Moal …. Kitu anu disebat “ Teluh Kejo” mah ?
Rd. Muslimin : Aah…na…. kawas ka hayam…, ari paham Engkang mah kieu : Ari sadayana katuangan teh pada aya “ ROH-na”, dina kakara asup mah, eta Roh-na teh teu misah tina katuangannana, lantaran teu acan bubuk pisan, sasat teu acan bijil “ Aci-acina”. Tah lami-lami…, saparantos bubuk, hampas sareng acina misah. Hampasna kaluar deui, ari acina mah…ngajadi “ Getih”, saterusna surup sinurupan. Tah ROH tina kadaharan…, tepung sareng ROH tina Jasmani, nya ngajadikeun ROHMAT. Tah tina Rohmat…anu ngajadikeun Tanaga teh, murakabah ka sakujur awak, jelas dangu, bengras tingali, harus sowara, da henteu barang tuang mah, sowarana oge haroshos, tingalina ruam, dengena sok rajen torek. Jadi lamun kurang barang tuang, bakal kurang Getihna, lamun kurang Getih bakal kurang Rohmat, lamun kurang Rohmat bakal kurang tanaga. Kitu tah rai..!. Rd. Muslimat : Leres pisan Kang !..., pantes atuh ari kitu mah…, eta ROH tina katuangan teh … asalna tina 4 (opat) perkara nya kang ?, tina SENEU, ANGIN, CAI, TANEUH tea, nya kajadian diri urang jadi : DAGING, TULANG, SUMSUM, KULIT. Upami kieu jalan-jalanna mah…, Rai… jadi seu’eur kasieun naon-naon anu bade diteda teh …., paur malindes kana diri.
Rd. Muslimin : Iih… atuh kantenan Rai !..., ka hiji…eta katuangan teh .. kedah di sampurnakeun heula…, lamun henteu kitu bakal ngagorogotan kana sakujur awak urang. Margi ti dinya pisan anu baris jadi Panyakit sareng Nafsu teh. Kantenan upami artosna kenging ngarampas tina Hak anu sanes mah, atawa barang kadaharan kenging maling…, pasti anu bogana ngado’akeun ka Nu Maha Kawasa, supaya malindes kanu malingna. Omat …rai…, kedah ati-ati !, ulah jangji bres bae anu di asupkeun kana patuangan teh !.
Rd. Muslimat : Iiih…. Kamalinaan…, gunning sakedap deui waktosna netepan Magrib kang !. Cekapkeun dugi ka dieu heula. SAPARANTOS NARETEPAN MAGRIB…. TERAS NGABARUJENG DEUI KA BALE PAGUNEMAN, NERASKEUN DEUI HANCA OBROLANNANA PERKARA ELMU AGAMA.
 Rd. Muslimin : Cing… perkawis naon deui… anu ku Rai.. teu acan ka paham ?
Rd. Muslimat : Anu teu acan kapaham…. Ku Rai teh …, eta basa DALIL, HADIST, IJMA, KIAS, anu sok didaramel pedoman para ahli enggoning ngabingbing widang Agama. Tapi aya oge… anu nyanggeumkeun… yen Ijma sareng Kias mah kurang kuat malah henteu dianggap sah. Kumaha gek-gekanana ?
Rd. Muslimin : Upami Rai… teu acan ngartos.., kieu pi hartieunnana eta anu 4 (opat) basa teh : Rai..!. ari anu jadi patokan teh … kapan opat-opat geura contona : RUKUN AGAMA (4) : Sareat – Tarekat – Hakekat – Ma’rifat PA-TAUHIDAN (4) : Iman – Tauhid – Ma’rifat – Islam KITAB ALLAH (4) : Tauret – Jabur – Injil – Qur’an ISTILAH QUR’AN (4) : Qur’anul Majid – Qur’anul Karim – Qur’anul Hakim – Qur’anul Adim. Koordinator Malaikat (4) MALAIKAT JIBRIL MALAIKAT MIKAIL MALAIKAT IJROIL MALAIKAT ISROFIL SAHABAT NABI (4) : Abu Bakar Sidik – Umar – Usman – Ali. LAMUN HOYONG JELASNA TINGAL DINA TABEL RAQOM SARBA OPAT ﻪ ﻞ ﻞ ﺍ ﺍﻓﻌﺎﻞ ﺍﺴﻤﺎﺀ ﺼﻔﺔ ﺬﺍﺖ ﻜﻤﺎﻞ ﻗﻬﺎﺮ ﺟﻤﺎﻞ ﺟﻼﻞ ﺪ ﻢ ﺡ ﺍ ﻋﺰﺮﺍﺋﻞ ﺍﺳﺮﺍﻓﻴﻞ ﻣﻴﮏﺋﻞ ﺠﺒﺮﺍﺋﻞ ﺪ ﻢ ﺡ ﻢ ﻓﻃﺎﻧﺔ ﺗﺒﻠﻴﻎ ﺍﻤﺎﻧﺔ ﺻﺪﻳﻖ ﻋﻠﻰ ﻋﺸﻤﺎﻦ ﻋﻤﺮ ﺍﺒﻮﺒﻛﺮ ﻋﺎﻠﻢﺇﻧﺴﺎﻦ ﻋﺎﻠﻢﺃﺠﺴﺎﻢ ﻋﺎﻠﻢﻤﺛﺎﻞ ﻋﺎﻠﻢ ﺮﻮﺡ ﺟﺴﺪ ﻫﺎﺗﻰ ﭙﺎﻮﺍ ﺮﻫﺎﺴﻲ ﻧﻔﺴﻮ ﺪﺍﻱ ﻋﻘﻞ ﺮﺍﺴﻰ ﭽﻤﺎﺮﻴﺔ ﺍﻮﺮﻴﻪ ﺗﻤﺑﻮﻧﻴﺔ ﺗﻮﺑﺎﻧﻴﺔ ﻤﺰﻯ ﻤﺪﻯ ﻤﻧﻴﮑﻢ ﻤﺎﻧﻰ ﺗﺎﻧﻪ ﺃﻓﻰ ﺍﺌﺮ ﻫﺎﻮﺍ ﻤﻧﻮﺲ ﺷﻴﻃﺎﻦ ﺠﻦ ﻤﻼﺌﮑﺔ Tah atuh… urang dina nganut Agama Islam, pikeun patokan ageumanana nyoko kana : DALIL – HADIST – IJMA – KIYAS. Janten lain ku omongan terus. Pikeun ka Akheratan mah kedah disarengan ku “ SAHNA IBADAH “, nyaeta kedah “ MA’RIFAT KANA DZAT SIFAT ALLAH, piwadaheun hasil “ AMAL IBADAH URANG NUJU DI DUNYA”. Upami resep dina Asma (omongan) wungkul, hartina… ngan resep dina “ PANUDUH, PANUNJUKNA”, atuh moal dugi-dugi ka anu dituju…, nyaeta Asal Urang. Bongan teu di akalan, teu disorang jalanna, teu diteangan carana, teu dipilari Tarekatna. Ibarat Rai… hoyong ka Kota Jakarta, palebah prapatan, ningali Pilar make papan anu aya tulisan jurusan Jakarta (make tanda panah). Ari Rai…, ngan nangtung bae… handapeun eta papan panunjuk jalan… bari…. Terus maca eta aksarana, henteu ihtiar milari carana, tarekahna, naha bade mapah, naha kana sapedah, kana motor, kana beus, kana sedan Jsb. Cing upami kitu, bakal dugi moal ka Jakarta ?
Rd. Muslimat : Nya…. Tangtosna oge… atuh moal dugi.
Rd. Muslimin : Tah..eta “ PAPAN PANUNJUK JALAN “ teh ibarat Dalil, Hadits, Ijma, anu matak carana, jalanna kudu ku Hukum Kias, geura talungtik…!, kumaha “ Tarekat Ilmu “. Tarekat Elmu, ibarat kendaraan anu rupa-rupa, kantun milih…, mana anu sakira leuwih gancang dugi, tiasa Ma’rifat kana Dzat Sifat Allah Ta’ala. Akang ngawawadian ka Rai.. bisi kabujeng ku Pati, omat kedah enggal-enggal eta peser…. Ku Tarekat, kajeun rada prihatin saeutik…. Ngurangan dahar sareng mondok.
Rd. Muslimat : Nuhun kang…insya Allah eta wasiat teh …, bade diestokeun pisan ku Rai. Naming…..ayeuna bade gentos hal.. anu bade ditaroskeun …, nyaeta perkawis PUJI KAGUNGAN ALLAH, anu aya dina Qur’an. “ ALHAMDULILLAHI ROBBIL ALAMIN ”. Anu hartosna : Ari sakabeh puji, eta kagungan Nu Maha Agung. Tapi kalumrahannana jalmi, patekadannana eta puji dzikir teh diangkeun “ Puji Manehna”, diangge muji ka Allah. Da upami parantos muji dzikir…, pokna teh parantos muji ka Allah. Ana sarupa kitu mah atuh puji manehna sanes puji kagungan Allah.
Rd. Muslimin : Rai !...., ari anu dilisankeun mah.. nya bener bae, eta teh .. puji ti makhluk… neneda dihampura dosa ka Nu Maha Suci. Jadi puji lisan ti urang ka Gusti Allah.
Rd. Muslimat : Ari anu sategesna PUJI ALLAH teh anu mana ?
Rd. Muslimin : Tegesna PUJI ALLAH mah..nya Wujud Urang Pribadi. Tah… ieu Badan sakujur…… pujina Allah Ta’ala, tapi pikeun anu parantos Ma’rifat ka Allahna. Ari anu teu acan Ma’rifat mah…, teu acan jadi pujina Allah. Dalil “ LAHAULA WALA KUWATA “ teh ..moal kapirasa, upami teu acan Ma’rifat mah…, ngan ukur pangakuan biwir, tuturut munding, da atina mah teu ngarasa. Kumaha bade ngaku henteu daya henteu upaya diri, upami henteu acan uninga ka “ Anu ngobahkeun Jasmani”, nyaeta “ Sifat Roh” tea ( Sifatna Allah). Margi Rai !, upami henteu uninga.., bisa-bisa ngangkeun Allahna teh …. Kana Roh-na pribadi. Upami kitu jadi lepat… atuh teu acan dugi…, henteu acan sampurna Ma’rifatna ka Nu Maha Suci teh. Sing emut Rai..!, anu parantos dugi mah.., sumawona ieu Jasmani, sanaos Rohna pisan… jadi LAHAWLA WALA KUWATA, anging Dzat bae.. “ Nyalira ” anu jumeneng lahir batin. Upami parantos henteu dipiboga, istuning ngarasa pakir miskin, ngarasa saperti rokrak, usik malik, diuk, nangtung teh ..ngan ku Qudrat – IrodatNa Nu Maha Suci. Tah..kitu Rai !,…sasat ibadahna, amalna, tingalina, danguna, lisanna, ditarima ku Yang Maha Agung, parantos SAH DZAT-NA, SAH SIFAT-NA, SAH ASMANA, SAH-AF’ALNA, enggoning hirupna di Alam Dunya (Dohir).
Rd. Muslimat : Parantos kahartos… perkawis “ Puji kagungan Allah” mah Kang !, salajengna bade nyambung kana perkawis Puji keneh…, nyaeta PUJI HADIS ALAL HADIS, PUJI HADIS ALAL QODIM, PUJI QODIM ALAL QODIM, PUJI QODIM ALAL HADIS. Ku Rai… teu acan kapaham. Rd. Muslimin : Insya Allah Engkang bade nyobi nerangkeun : PUJI HADIS ALAL HADIS, PUJI HADIS ALAL QODIM, PUJI QODIM ALAL QODIM, PUJI QODIM ALAL HADIS. Ari PUJI HADIS ALAL HADIS teh, parantos umum sarta mufakat para santri, nyaeta : “ Puji anu Anyar ka anu Anyar “. Lain Jalmi muji ka Jalmi, anu kitu mah sanes bab Elmu. Da moal mangfaat…, upama engkang dipuji ku rai, paling-paling keur di Dohir. Muji mah kedah ka Allah, da jalma henteu boga hak dipuji, ulah nyamian Allah. Rai !.., tegesna Puji nu Anyar ka anu Anyar teh, nyaeta dina waktu “ Maca Al-Qur’an”. Kapan huruf Qur’an mah anyar…, nyakitu deui anu macana oge kapan anyar. Da sowara Jalma teh … saparantos lahir ka Dunya, kapan nalika aya di jero patuangan Ibu mah henteu nyora. Ari PUJI HADIS ALAL QODIM : Nyaeta “ Puji anu Anyar ka anu Qodim”. Pernahna dina waktu SOLAT. Anu Anyarna teh wujud urang nuju Nangtung, Ruku, Sujud, Lungguh. Eta anu opat teh … kapan sami anyar, sedengkeun anu Qodim-na, nyaeta NUR MUHAMMAD (Cahaya opat warna). Ari PUJI QODIM ALAL QODIM : Nyaeta “ Puji anu Qodim muji ka anu Qodim”. Pernahna dina nuju Solat Sajati (Tazalli). Kapan dina waktu eta mah pada-pada anu Qodim (anu ghaib), anu muji sareng di pujina. Buktosna henteu nganggo “ Sowara Baham”. Ari PUJI QODIM ALAL HADIS : Nyaeta “ Anu Qodim muji ka anu Anyar”, kitu oge upami ibadahna eta jalma parantos Ma’rifat kana Dzat Nu Maha Suci. Sasat ibadahna disarengan ku Elmu, … tah….eta anu di puji…, sasat parantos Sah Dzat-na, Sah Sifat-na, Sah Asma-na, Sah Af’al-na…, istuning henteu petot-petot nya eling. Anu parantos pasti kitu mah, sumawonna nuju ibadahna sanaos usik malikna oge… parantos pasti janten puji sadayana, margi parantos tetep Eling, henteu ngaku usik sorangan…, anging ku Kawasana Allah.
Rd. Muslimat : Hatur nuhun Kang !..., parantos kahartos pisan. Salajengna Rai.. bade tumaros deui perkawis Allah Ta’ala maparin “ Nyawa Manusa”, palebah mana waktos maparinna teh ?. Margi sanggeum Engkang ti payun, nalika dikandung ku Ibu mah… nembe aya “ Hirup” wungkul, henteu can aya “ Nyawa”. Rd. Muslimin : Upami Rai henteu acan ngartos pisan, mangga urang terangkeun perkawis : ALLAH TA’ALA MAPARIN NYAWA KA MANUSA. Kieu eta teh Rai !.., Allah maparin Nyawa teh. Waktu dijero kandungan mah, leres mung nembe Hirup wungkul, buktina geuning parantos tiasa Usik. Istuning mung Hirup Allah Anu Suci, henteu acan aya NAFAS, NYAWA, KAHAYANG (NAFSU), RASA, TEU ACAN NINGALI, TEU ACAN NGADANGU, TEU ACAN NGANGSEU, TEU ACAN NYARITA. Barang brol ti Batin ka Alam Dohir. Hawa Batin sareng Hawa Dohir geuning eta orok/bayi teh ngagoak ceurik oar-oaran, eta cirina parantos ngancik Rasa… Tiis geuning tepikeun ka ngadegdeg. Tah eta Nafas teh jenengannana Nyawa. Ari hakekatna Nyawa teh Rasa Jasmani. Ari parantos aya Nafas mah…, orok/bayi teh pangheulana Irungna bisa Ngangseu. Tah kitu Rai..!, Allah waktos maparin Nyawa teh. Rd. Muslimat : Ari… perkawis ngawitannana Nafas sareng Nyawa mah parantos kahartos. Nanging… ayana Dangu, Ningali, Nyarita. Sareng Nafsu (kahayang) eta orok/bayi ti kawit iraha ? Rd. Muslimin : Eta mah… saparantos Orok/bayi diasupan “ CAI SUSU” atawa “ Kadaharan ”. ari sari pati kadaharan teh kapan ka ancikan roh-roh Seneu, Angin, Cai, Taneuh, nyerep kana tatangkalan anu gede anu letik, anu buahan, anu beutian. Saparantos aya dina patuangan, nya…ngajadi getih nyaliara ka sakujur Badan, tidinya nembe bijil Rasa beda-beda. Rasa Ngeunah, oge Rasa Teu ngeunah. Teras cepil jadi bisa ngadangu, soca jadi bisa ningali, baham jadi bisa nyarita. Atuh tina Rasa… bijil Kahayang (Nafsu). Saparantos kitu mah eta Hirup (Roh Suci) teh….ngagulung sareng Nyawa, dua jadi Manunggal. Barang parantos kacampuran Nyawa anu sifatna Getih (anu kaancikan roh-roh kadaharan, atawa sok disebut Roh Nabati, sareng Roh Hewani (Roh Sasatoan), atuh…Roh Suci teh lami-lami mah kabulen ku sifat Getih anu kaancikan roh-roh kotor tea. Mugi Rai !... ulah kaliru. Ari Hirup mah sifatna teh Cahaya, ari Nyawa sifatna Getih. Rd. Muslimat : Cing Kang..!, manawi aya pereleannana perkawis Getih anu asal tina roh-roh katuangan tea ?
Rd. Muslimin : Atuh puguh bae… ay amah. Kieu…geura Rai : pangna ieu Alam Dunya disebut Alam Arwah teh nyaeta tempat ngancikna rupa-rupa roh, sok sanaos dina SENEU, dina ANGIN, dina CAI, dina TANEUH. Ku kituna atuh bubuahan, beubeutian teh pada-pada kaserapan eta roh-roh anu opat rupa tea. Saparantos dituang…nya janten Getih 4 (opat) rupa : Tina ACI SENEU Jadi Geutih Beurem, teras jadi WADI, teras jadi deui Daging. Hawana tina Daging kajadian : CEUPIL Jadi bisa Ngadagu. NAFSU-NA AMARAH, anu perwatekna Jail kaniaya, iren, panastren, dugal, kasar, gede ambek jsb. Pernahna dina HAMPERU, kaluarna kana Cepil. Tina ACI ANGIN Jadi Geutih Koneng, teras jadi MADI, teras jadi deui Sumsum. Hawana tina Sumsum ngajadi : BAHAM Jadi bisa Nyarios. NAFSU-NA LAWAMAH, anu perwatekna Kabitaan, lapar, halabhab, tunduh, cape, sare, haroreaman, resep mitnah, panas baran. Pernahna dina BEUTENG, kaluarna kana Baham. Tina ACI CAI Jadi Geutih Bodas, teras jadi MANI, teras jadi deui Tulang. Hawana tina Tulang ngajadi : SOCA Jadi bisa Ningali. NAFSU-NA SAWIYAH, anu perwatekna Loba kahayang, resep kana kasukaan, hayang di ugung-ugung, pedit, hawek, birahi jsb. Pernahna dina KALILIPA, kaluarna kana Soca. Tina ACI TANEUH Jadi Geutih Hideng, teras jadi MANINGKEM, teras jadi deui Kulit. Hawana tina Kulit ngajadi : IRUNG Jadi bisa Ngangseu. NAFSU-NA MUTMAINAH, anu perwatekna Resep kana kautamaan, ngentelan peujit, kuru cileuh, tahajud, berehan, ngutamakeun kapentingan balarea. Pernahna dina BALUNG, kaluarna kana Irung. Tapi ieu Nafsu Mutmainah anu perbawana kana kahadean the, sering kabaud atawa kaceot, di rempug ku nafsu-nafsu anu tilu, nya ngabalukarkeun seu’eur anu henteu Iman (anu poho) kana parentahna Nabi, sumawona kana parentah Allah.
Rd. Muslimat : Kumaha carana sangkan ulah erring kaceot ku nafsu anu tilu tadi Kang ?
Rd. Muslimin : Nya carana mah teu aya deui, iwal ti kudu sumalindung kana Dzat Sifat-Na Allah, anu matak kedah Ma’rifat, kedah dugi ka WA HUWA MA’AKUM, sasarengan siang wengi. Upami parantos kitu mah… mokaha moal gampang kabaud ku kahayang goring. Margina sahanteuna da..ngaraos isin, inggis, sieun ku Nu moconghok nyarengan henteu pisah, MURBA KA WUJUD URANG. Rd. Muslimat : Ari eta perkawis Kahayang (Nafsu) ?, tadi dicarioskeun tina Hawana Daging, Sumsum, Tulang, Kulit, kaluarna kana Cepil, Baham, Soca, Pangambung. Tah torojolna kahoyong (nafsu) teh ….iraha ?
Rd. Muslimin : Datangna Nafsu teh Rai…, nalika orok/bayi dipasihan nyusu/kadaharan. Rasa kontak sareng aci anu opat rupa. Baham kontak sareng cai susu, tangtu aya Rasa. Rasa amis, pelem…jadi deudeuieun da ngarasa ngeunah. Ngabuktikeun kahayang…, geuning orok mah osok ceurik. Ngan mungguhing di Dunya mah Rai…, aya dua papasangan, samangsa-mangsa aya ngeunah, pasti aya anu teu ngeunah, boh anu karasa ku Baham, ku Cepil, ku Soca, ku Pangambung. Geuning upami manggihan anu henteu panuju teh buktina sok nimbulkeun Amarah.
Rd. Muslimat : Kahartos pisan… eta katerangan teh, …. Estu nyerep, nyurup kana hate. Jadi Rai… terang torojolna nafsu teh. Tapi asa kirang ngartos, sok mendakan anu nuju nafsu Amarah, geuning nafasna teh mani katawis pisan, bari pamenteuna teh semu geuneuk, kumaha eta Kang ?
Rd. Muslimin : Kapan Nafsu teh … mimitina dititiskeun kana Uteuk terus ngancik dina Ati / Qolbu, nya medal Cipta katut Akal, terus ngancik dina Jajantung…. Jadi Nufus, teras mulang deui kana Ati, …nya jadi Anfas. Terus lumampah ngahiji sareng Getih….nya jadi Tanafas, ngambah kana mamaras…nya jadi Nafas. Terus sumarambah ka sakujur Awak, medal Sowara. Rai !..., Nafas teh anu nguatkeun Jasmani, ari pangna aya Nafas, ku ayana Hirup. Jadi NUFUS, ANFAS, TANAFAS, NAFAS, SOWARA, eta Medal tina Nafsu. Kitu tah rai !..., piraku henteu kapikir… sareng kumaha parantos kahartos ?, kapaham ngeunaan Nafas , Nyawa , Nafsu ?, atawa masih keneh bingung ?
Rd. Muslimat : Alhamdulillah kang !..., perkawis eta mah rai .. paham. Nagging ayeuna bade gentos anu ditaroskeun, nyaeta perkawis ASMA’UL HUSNA atanapi Asmana Allah, seueurna teh sabaraha ?, ……. Sareng manawi aya katerangan, eta perkawis Asma teh ?
Rd. Muslimin : Kieu atuh ari perkawis Asmaul Husna atawa Asmana Allah teh. Ari seueurna Asma (Jenengan) Allah teh, sakumaha anu katampi ti para Ahli Da’wah, sanggeumna aya 100 (Saratus) Jenengan. Tapi ari anu kaunggeul dina Hadist mah 99 (Salapan puluh salapan). Anu 99 oge ari di ringkeuskeun mah ngan ukur jadi 5 (Lima), diantarana : ASMAUL DZAT ASMAUL SIFAT ASMAUL ASMA ASMAUL AF’AL ASMAUL JINSI Eta anu 5 (lima) oge, ari enas-enasna mah ngan 1 (hiji), sareng sok seueur anu lepat ngamaknaan, atuh jadi lepat ngabarangkeunnana.
Rd. Muslimat : Cobi nyuhunkeun dibeberkeun… kang… supados jelas.
Rd. Muslimin : Kieu katerangan hiji-hijina Rai..! ASMAUL DZAT : Nyaeta netepkeun Jenengan Allah nurutkeun tina Dzat-Na. Margi ari Dzat teh tantu Ayana moal eweuh. ASMAUL SIFAT : Nyaeta netepkeun Jenengan Allah nurutkeun tina Sifat-Na (Rupana). ASMAUL ASMA : Nyaeta netepkeun Jenengan Allah nurutkeun tina Asma-Na (Ngaran-na). ASMAUL AF’AL : Nyaeta netepkeun Jenengan Allah nurutkeun tina Padamelannana (Af’al-na). ASMAUL JINSI : Nyaeta netepkeun Jenengan Allah nurutkeun tina Jinisna (Barang-na). Kitu tah Rai…, katerangannana. Rd. Muslimat : Katerangan anu nembe mah parantos kapaham, naming tadi sanggeum Engkang sok laleupat ngamaknaan sareng ngabarangkeunnana. Kumaha maksadna Kang !
 Rd. Muslimin : Rai…. Ari Asma-na mah sadayana oge sae,… mung aya di saantero jalmi anu lepat ngamaknaan, atuh tangtos bakal kaliru dina ngabarangkeunnana, nyaeta sok netepkeun ka nu anyar. Sok seueur jalmi-jalmi anu ngaku Dzat kana Jentulna Jasad Sorangan, ngaku Dzat kana Awakna, kana raga anu badag. Pedah cenah da aya Hadistna : “ WALLAHU BATINUL INSAN, AL-INSANU DOHIRULLAH “. Anu hartosna : Ari Allah teh Batin-batin manusa, ari manusa teh dohirna Allah. (La Maujuda ilallah). Kitu tah Rai !, .. anu matak cenah “ Badan ieu… Lahirna Allah”. Parantos teu dipikir panjang deui, da kasaksi ku Hadist pokna teh. Palebah dieu lepatna teh Rai !,… nyebat atawa ngaku Dzat kana wujud sorangan, sanes kana Dzat Allah anu LAESA KAMISLIHI, anu henteu warna, henteu rupa, sumawona jentulna. Sareng aya deui Hadistna : “ WALLAHU GHOIBUN AL-INSANU GHOIBUN ”. Anu hartosna : Perkara Allah teh Gaib, teu aya jentulna. Kitu deui Manusa, sami pada gaib sadayana. Kapan awak ieu mah Jasmani, parantos negrak ngajentul. Jadi atuh teu gaib, da ari ngaran gaib mah…” Aya, tapi teu Aya rupa”. Ari ieu anu ngajentul mah ngarana wujud manusa. Tah anu kedah kahartos teh Rai., mana atuh anu ngaran Manusa ?, bisi kaliru.. heug nuduh kana awak. Eta ngarana WUJUDIAH. Rd. Muslimat : Parantos kahartos atuh kitu mah,… lepatna teh nuduh Dzat Allah kana wujudna sorangan. Ayeuna kantun anu kadua Asmaul Sifat, palebah mana lepatna ?
Rd. Muslimin : Lepatna teh …, eta palebah netepkeun Sifat Nu Maha Suci…, kana Rupa Manehna Sorangan. Dumeh sanggeum dalil yen Allah teh teu dua, teu tilu, tapi tetep hiji. Barang ngareret kana rupa manehna…, najan ngider sakuliah jagat oge, moal aya anu ceples sarupa taya bedana. Anu matak netepkeun bae..yen Sifat Allah teh nya rupa manusa. Tah anu kitu oge kufur…, sami bae WUJUDIAH. Rd. Muslimat : Eta oge parantos kahartos Kang…, anu kitu rupina lepat wesel. Kumaha upami teraskeun ka anu katilu Asmaul Asma, palebah mana lepatna teh !
Rd. Muslimin : Teu sakedik anu boga kapercayaan, yen jenengan Nu Maha Suci, diterapkeun kana Ngaran Sorangan (Ngaran Jalmi). Atuh lamun kitu mah … sami sareng Nyeueurkeun Asma. Allah teh upami kitu mah sifat anyar. Kapan dina Kitab parantos kakocap Dzat – Sifat – Asma – Af’al, sadayana jalmi kaliputan ku Asma Allah. Tah….anu kitu tekadna kufur, ngalobakeun Asma Allah.
Rd. Muslimat : Dupi kana Asmaul Af’al, palebah mana lepatna teh ?
Rd. Muslimin : Eta mah… Jalmi anu netepkeun Af’al Allah kana kalakuan sorangan, nya kana kalakuan manehna. Eta pedah aya dalil : LA HAWLA WALA KUWATA, sadumeh jalmi mah henteu daya, teu upaya, atawa dikuatkeun deui ku dalil “ USIKUM IBADALLAH”, Istuning usik malik teh Allah, atuh ngawengku kana lacuna anu hade anu goreng oge…. Sami lakuna Allah, margi Allah teh teu jauh ti diri manusa. Tah kitu patekadan jalmi anu teu boga Akal mah, atuh kanggo naon Allah ngayakeun AGAMA ?, para Nabi nurunkeun Kitab-kitab, kalebet Al-Qur’an ?, eta teh salaku pituduh supaya ulah kalangsu, kasasar. Padahal mah kudu boga pikir panjang, kapan awak manehna teh mangrupa Af’alna Allah. Atuh manehna bisa usik, bisa malik, bisa digawe, bisa ngahasilkeun pagawean teh …, istuning disarengan ku Qudrat Irodatna Allah. Omat eta hasil pagawean manehna teh ulah di aku Af’alna Allah, tapi sagala kalakuan katut hasil pagawean teh … Kaliputan ku Af’alna Allah. Rd. Muslimat : Perkawis Asmaul Af’al mah, parantos kahartos, salajengna mugi diteraskeun bae kanu ka lima, nyaeta Asmaul Jinsi.
Rd. Muslimin : Ke…Rai !..., perkawis anu kalmia Asmaul Jinsi mah, kumargi mangrupi enas-enasna, janten kedah rada asak heula elmu Rai !..., sareng kedah nuju salse pisan, kedah di tempat anu sepi, bilih kakuping ku cakcak bodas, kapan ieu mah Rahasiah Wali, bagian Ahli Qurban (anu parantos yakin, ahli adep-adep sareng Allah). Wayahna Rai…, ayeuna mah… bab naon heula bae… anu teu acan ngartos.
Rd. Muslimat : Kitu sae…Kang, eta mah sampeuren kapayun. Ayeuna mah, anu masih keneh pakuat-pakait sareng Jenengan Allah keneh…, nyaeta perkawis jujuluk “ MAHA AGUNG, MAHA MULYA, MAHA LUHUR, MAHA SUCI “. Mugi Engkang ngajentrekeun.
Rd. Muslimin : Upami Rai…, teu acan uninga kana eta jujuluk MAHA AGUNG, MAHA MULYA, MAHA LUHUR, MAHA SUCI. Kieu geura Hakekatna mah : Ari MAHA AGUNG teh, nyatana dina Badan urang, nyaeta Pangucap. Margina, sanajan 7 lapis langit, 7 lapis bumi, sareng saniskara eusina, malahan Asma Allah oge…, kapan dilisankeun teh ku Pangucap. Eta tandana ku leuwih Agungna. Ari MAHA MULYA : Nyatana dina Badan urang, nyaeta Pangdangu. Margi Pangdangu mah salamina oge mulya, tara gering. Paling-paling anu sok gering mah Cepilna. Ari Jujuluk MAHA LUHUR mah, kanyataan dina Badan urang nyaeta Paninggal. Margi geuning bukti, eta Langit anu sakitu luhurna tanpa wangenan, ari ku Awas Paninggal mah kaberik, katingali. Ari Jujuluk MAHA SUCI mah, kanyataan dina Badan urang nyeta Pangangseu. Margi et amah pang Sucina. Geuning bukti, Nafas mah tara belewuk, tara kotor, sanajan tara dikumbah, tapi tetep bersih. Kitu tah Rai !, perkawis Jujuluk anu opat teh.
Rd. Muslimat : Leres parantos kahartos ayeuna mah Kang.., sing horeng sup deui ka dinya, sup deui kadinya. Ayeuna mah ulah kapalang…, Rai… hoyong di jelaskeun perkawis HIRUP TEH NGAN HIJI. Nuhun nuhun upami aya ibaratna supados gampil kahartos.
Rd. Muslimin : Urang cobi…ngajelaskeun perkawis : HIRUP TEH NGAN HIJI. Kieu Rai !..., ari HIRUP mah HIJI, sareng henteu keuna ku PATI atawa RUKSAK. Hirup Allah mah istuning Langgeung. Ari anu sok keuna ku Pati atawa Ruksak mah nyaeta Hirup Manusa (anu ngaran Nyawa tea). Ari Hakekat Nyawa, nyaeta Rasa Jasmani (Rasa awak-awak nafsu).
Rd. Muslimat : Ke…Kang !,… rada hemeng keneh…, dupi bentenna antara Hirup Allah sareng Hirup Manusa (Nyawa) eta teh kumaha ?
Rd. Muslimin : Eemhh… masih bingung keneh Rai… teh ?. Bentenna teh kieu geura : Ari HIRUP MAHA SUCI mah, eta anu Sifatna CAANG PADANG tea, atawa Nur Dzat atawa Johar Awal atawa Hakekat Muhammad atawa Bahrul Hayat (Sagara Hirup) atawa Sahadat Sajati atawa Iman Sajati atawa Islam Sajati atawa Sajatining Agama, anu angliputi, murbawisesa kana 7 Lapis langit, 7 Lapis bumi, katut saniskara eusina, sapertos Arasy Kursi, Sawarga, Naraka, Manusa, Sasatoan, Tutuwuhan, Uteuk tongo walang taga…, asalna teh … Sorotan ti nu hiji NUR DZAT. Ari HIRUP NU AYA DI MANUSA mah, tina sorotan Hirup Maha Suci, ngagulung sareng NAFAS – RASA, anu disebut NYAWA. Jadi Hirup anu seueur mah NYAWA. Rd. Muslimat : Sakedap Kang..!, upami anu janten Nyawa di manusa sorotna Hirup anu Sifatna Caang Padang tea atawa Johar Awal, atuh panginten nungtutan ngirangan.., margina dibagi-bagi ka Milyaran manusa sa Alam Dunya, oge ka bangsa sasatoan.
Rd. Muslimin : Rai !..., atuh ulah kaliru !, ari Hirup Nu Maha Suci mah henteu robih, moal ngirangan, moal ngalangkungan, tetep Langgeung. Kieu geura urang ibaratkeun : Di hiji lapangan, pek nendeun Patromak anu parantos hurung, teras eta patromak teh dikurungan ku hiji ayakan anu gede kacida, anu liang-liangna ata ayakeun teh mangrebu-rebu liang. Tah…sorotna Sinar patromak teh, nembus kana liang-liang eta ayakan. Hiji liang..pasti aya sorot sinar patromak. Anggap bae eta liang teh Jalmi. Jadi sorot anu nembus kana liang teh …. Ibarat hiji Hirup Nyawa Jalmi. Sapertos kitu Rai !..., nyaeta sorotna SAGARA HIRUP, kajeun ka milyaran, miliunan, tetep moal ngurangan, Langgeung sareng moal reksak. Kumaha Rai !.., masih bingung keneh ?
Rd. Muslimat : Ayeuna mah..parantos henteu samar deui Kang…, rada gampil kahartosna upami diibaratkeun mah.
Rd. Muslimin : Supados langkung jelas deui, urang ibaratkeun kieu : Eta SENEU dina Patromak teh disarengeutan ku rook, anu lobana mangjuta-juta urang, cing….Rai !..., eta seneu anu aya dina Patromak teh bakal seep ?, atawa moal ?
Rd. Muslimat : Tangtos oge…angger bae…Seneuna mah, moal ngirangan dumeh ku disarengeutan rook. Aduh kang !..., kacida utamina eta katerangan teh. Salajengna Rai… teh masih aya kapanasaran, nguping saur Hadist : YEN ALAM ATAWA JAGAT TEH AYA DUA NYAETA JAGAT KABIR SARENG JAGAT SOGIR. Saur eta katerangan, eta dua Jagat teh kaayaanana henteu beda. Mugi dijelaskeun !..., henteu bedana teh palebah mana ?
Rd. Muslimin : ari JAGAT KABIR teh …., nyaeta Alam Semesta/Alam Dunya/ Alam Dohir. Ari JAGAT SOGIR mah, nyaeta Wujud Manusa. Leres Rai kaayaan dina eta dua Jagat teh sami, sakumaha katerangan Hadist… piraku make lepat. Kieu bilih Rai !..., teu acan uninga mah : Di ALAM DUNYA…eusina parantos pasti ‘ Papasangan’. Aya Siang, aya Wengi, tah di Diri Manusa oge piraku henteu karaos, kapan aya Nyaring sareng Sare. Nyaring babandingan Siang, ari Sare babandingannana sareng Wengi.
Rd. Muslimat : Dupi Dinten Anu 7 (Tujuh) ?, naon nyatana di Diri ?
Rd. Muslimin : Eta.. palawangan anu di Luhur (Dina raray) : CEPIL kapan 2 Liang SOCA kapan 2 Liang IRUNG kapan 2 Liang BAHAM kapan 1 Liang Upami di Jumlahkeun kapan sadayana aya 7 (Tujuh) Rd. Muslimat : Dupi eta… anu disebat Dawuh 5 (Lima) ?
Rd. Muslimin : Ari Dawuh Lima mah, eta eusina anu Tujuh tea : CEPIL Jeung Pangdanguna SOCA Jeung Paninggalna IRUNG Jeung Pangangseuna BAHAM Jeung Pangucapna RASANA Anu 4 (opat) diluhur
Rd. Muslimat : Ayeuna…. Kantun eta Sataun teh aya 12 (dua belas) Bulan, naon nyatana dina Diri ?
Rd. Muslimin : Buktina dina Diri ?, cing…. Mangga ku Rai geura bilang, eta ugel-ugel panangan sareng ugel-ugel sampean ! Dina Panangan sabeulahna aya 3 ugel-ugel. Jadi upami dua Sampean teh jumlah 6 ugel-ugel. Tuh … Panangan 6, Sampean 6. Kapan pas janten 12 ugel-ugel.
Rd. Muslimat : Leres pas, janten 12, upami di Jagat Kabir mah 12 bulan, ari dina Wujud Manusa (Jagat Sagir) mah 12 ugel-ugel. Ayeuna kantun Sabulan teh .., aya 30 (tilu puluh) dinten, naon tah nyatana dina Diri ?
Rd. Muslimin : Ari anu 30 (tilu puluh) dinten mah, geura etang ugel-ugel panangan anu panghandapna, sareng Ramona !, sadayana teh 2 (dua panangan). Aya 30 ugel-ugel. Kitu deui dina Sampean, sami aya 30 ugel-ugel. Ieu teh babandingan : SIANG 30, oge WENGI 30.
Rd. Muslimat : Kantun ayeuna Sawindu teh aya 8 (dalapan) taun, naon tah Kang !.., dina Diri urang ?.
Rd. Muslimin : Cing ku Rai etang ! …. Eta buku-buku diantara ugel-ugel, boh ugel-ugel Panangan, boh ugel-ugel Sampean !. Kapan eta, dina sabeulah Panangan aya 2 buku, upami dua Panangan teh janten 4 buku. Teras dina dua Sampean, pingping 2, atuh bitis 2. jumlahna janten 4. 4 dina Panangan, 4 dina Sampean, tuh kapan pas, janten 8 bubukuan.
Rd. Muslimat : Bilih kalangkung di Jagat Kabir aya Panon Poe (Srangenge), aya Bulan, aya Bentang, aya Hawa Panas, aya Hawa Haneut, naon nyatana dina Diri manusa ?.
Rd. Muslimin : Ari Panon Poe (Srangenge), Bulan, Bentang, teh …, anu ngahirupkeun saniskara di Alam Dunya ieu. Da upami henteu aya Panon Poe mah, panginten moal jaradi, moal aya hasil Dunya. Tah dina diri urang mah, nyaeta Hirup, tapi perkawis hirup mah teu tiasa ditinggal ku soca lahir, da ieu mah bagian Hakekat. Mung ku ayana Hirup… Jasad Manusa bisa usik malik. Ari anu 4 (opat) rupi mah, nyaeta : Daging, Sumsum, Tulang, Kulit. Hawa-hawana jadi Nafsu tea, nyaeta : Amarah, Lawamah, Sawiyah, Mutmainah.
Rd. Muslimat : Hatur rebu-rebu nuhun kang !..., kana kasaean Engkang, parantos ngawejang anu teu kinten pentingna kanggo pribadi Rai..mah. Salajeungna anu bade ditaroskeun teh perkawis eta .. anu LANGGEUNG DI GUSTI ALLAH, sareng anu LANGGEUNG DI MANUSA. Langgeung di Allah anu henteu pegat-pegat Lahir-Batinna, ti Jaman samemeh aya Alam Dunya, tug dugi ka Akherat, naon eta anu henteu reksak-reksak teh ?
Rd. Muslimin : Sok… atuh urang terangkeun perkawis : Anu LANGGEUNG DI GUSTI ALLAH, sareng anu LANGGEUNG DI MANUSA. Kieu geura Rai !.., Ari anu LANGGEUNG DI GUSTI ALLAH teh, teu aya sanes iwal ti QUDRAT-na Allah (Kakawasaannana) sareng IRODAT-na Allah (Kersana), istuning henteu aya pegatna…. Ti awal-awalna dugi ka akhirna, pon kitu deui teras dugi ka Akherat. Kitu tah…. Pamendak Engkang mah Langgeung di Allah teh.
Rd. Muslimat : Percanten Kang..!, leres nya !..., Anu Langgeung teh Kawasana sareng Keresana. Margi upami reksak Kawasana Nu Maha Suci, atuh Allah-na oge reksak… sapertos makhluk. Ari di Manusa ?..., naha aya Langgeung sapertos di Allah ?
Rd. Muslimin : Tangtu bae aya anu LANGGEUNG DI MANUSA oge, nyaeta sabalikna tina Kawasana sareng Keresana Allah iwal ti kabagean Bodona. Hartina henteu nyaho sama sekali. Asal tina henteu Aya jadi Aya, tetep teu nyaho, malah-malah tepi ka Batin oge langgeung bae, moal terang. Kapan urang waktu tadi, memeh turun ka Alam Dunya, geuning henteu terang naon-naon !..., atuh nalika aya dina Kandungan Ibu 9 (salapan) Sasih, di dinya oge sami henteu terang. Malahan nalika brol turunna ti Ibu ka Alam Dunya oge.. teu emut deuih. Atuh ti kawit Orok.. jadi Budak…terus jadi Dewasa, henteu emut ngagedeannana ieu Jasmani teh, sumawona datangna Rasa, Paninggal, Pangdangu, Pangangseu, Pangucap kapan henteu teurang duka timana ti mendina, da bakating ku Bodo tea. Margina Rai !..., katetepan dalil LAHAWLA WALA KUWATA tea, Manusa mah henteu daya henteu upaya, estu ibarat rokrak.
Rd. Muslimat : Kahartos pisan … eta katerangan teh … perkawis anu ‘ Langgeung di Allah sareng anu Langgeung di Manusa’. Salajeungna Rai !.., bade naroskeun deui.., perkawis anu disebat JATINING MANUSA, masih keneh hemeng Kang !.
Rd. Muslimin : Perkawis JATINING MANUSA Rai !.., ari Jirim-na mah, moal lepat.., nyaeta KANJEUNG NABI MUHAMMAD RASULULLOH SAW. Tapi kapan ayeuna mah parantos teu aya dikieuna ari Jirim-na mah, anu kantun Gaib-na. Da disaban Jalmi oge Rai !.., misti.. pada katetepan ku GAIB-NA MANUSA, kitu oge upama ka udag Elmu-na.
Rd. Muslimat : Naha kumaha.. pangna bisa kapendak ?...., kapan kangaranan Gaib mah tanpa bukti.
Rd. Muslimin : Kapan ceuk Akang oge kedah ku ELMU, kedah ku pada Gaib deui. Upami hoyong uninga ka nu Gaib, nya kedah ku nu Gaib deui. Ari carana nya kedah nganggo Tarekat, sangkan urang terang ka GAIB-na Urang. Ayeuna Engkang bade masihan ibarat : Di payunan Rai… parantos sadia dina piring Cau. Tah pangna diayakeun eta Cau, naonnana anu di arahna ?
Rd. Muslimat : Nya tangtos oge atuh… diteda…, anu diarahna nyaeta Rasana.
Rd. Muslimin : Atuh lepat… ari anu diarah Rasana mah. Rai !..., cau mah henteu katetepan Rasa (Rasul), atuh upami cau katetepan Rasa mah eta cau teh bakal bisa usik malik, bisa lumpat kawas sato. Ari Rasa mah Rai !..., parantos nyampak dina Baham, nyampak dina Letah urang.
Rd. Muslimat : Upami sanes Rasa-na anu di arah…, naonnana atuh ?
Rd. Muslimin : Anu di arah teh … Cau mah Amis-na. Kapan geuning ari meser atawa ngala cau teh sok anu parantos asak, da ngarah Amis. Geuning anu atah keneh mah… tara ditaruang… da kesed. Tah .. kitu paham Rai !.
Rd. Muslimat : Aeh… leres .. nya…, Amis-na anu di arah teh, da Rasa mah parantos nyampak di manusa. Rd. Muslimin : Tah eta Amis-na teh Rai !..., Gaib-na Cau, karasa amisna tapi teu nga-Jirim. Aya tapi tanpa Rupa. Tah Amis-na cau teh …, moal karasa ku Rai.., upami wujudna cau diantep henteu di tuang. Tapi upami eta wujud cau dituang, sasat diruksak wujudna, dibeuweung sing lembut… kakara kapendak, karasa Amis-na teh, atawa Jatining Cau tea. Kitu deui Manusa oge kedah terang kana GAIB-NA MANUSA (JATINING MANUSA), Aya tapi tanpa Rupa. Akal-na nya kitu sapertos Cau, kedah ngabongkar, ngareksak wujud anu nga-Jirim, kakara aya Jatining Manusa. Ibarat su’uk upami dirieus, diperes wujud su’ukna… pasti bijil Minyakna.
Rd. Muslimat : Ari ngabongkar… atawa ngaruksak Wujud Manusa kumaha carana ?..., Rai mah… teu acan ngartos.
 Rd. Muslimin : Ari carana ngabongkar, ngaruksak Wujud Urang mah nyaeta dina waktu Laku Tarekat, ceuk dalilna oge : ‘ ANTAL MAUTU QOBLAL MAUTU ’. Reksak teh Mirasa Suwung, henteu ngarasa kagungan wujud anu ngajungkiring ieu, malahan ka Alam Dunya oge hilap, bakating husu ka YANG AGUNG.
Rd. Muslimat : Sakedap Kang…!, GAIB-NA atawa JATINING MANUSA teh anu mana tea ?
Rd. Muslimin : Eeeh.. teu acan ngartos keneh ?..., kapan eta anu ningali nalika Tazzali (Nuju Solat Ka-Rohanian), tah eta teh anu Jenengan Gaib-na Manusa atawa Jatining Manusa. Kumaha ?......, bingung keneh ?, atawa parantos paham ?.
Rd. Muslimat : Euhhh…. Kutan…. Anu eta… JATINING MANUSA teh …., kahartos atuh ayeuna mah Kang !. Hatur rebu-rebu nuhun laksa ketining kabingahan…, kana sagala rupi kasaean Engkang….. Rai ! dipiwejang Elmu cepengan Jungjunan urang Nabi Muhammad Rasululloh SAW, anu turun tumurun ka para Sahabat, ka para Wali, atuh tug dugi ka Rai.., ayeuna perantawisan Engkang. Ngaraos tutug PA-TAUHIDAN Rai teh, moal mang-mang deui.
Rd. Muslimin : Nya.. ari Rai parantos henteu mang-mang deui mah…, teu kinten nganuhunkeunnana, jadi urang terus-terusan ngobrol teh henteu mubadir, geuning aya hasilna. Peupeujeuh Engkang mah.., kantun suhudna ibadah, boh HABLUMMINALLOH, boh HABLUMMINNANAS. Ibadah atawa amal disarengan ku BERSIH QOLBU/HATE. Urang cekapkeun dugi ka dieu heula Rai !..., geuning parantos sareupna ieu teh. DISAMBUNG KA …… JILID IV ( KITAB INSAN KAMIL )

Sabtu, 28 Juli 2018

KITAB LAYANG MUSLIMIN MUSLIMAT JILID-2

NGALANJUTKEUN JEUJEUR CARIOS NU KAPUNGKUR


Raden Muslimin sareng raina Raden Muslimat, enjingna saparantos netepan Subuh, ngaraos saleger, maklum wengina karulem talibra pisan. Bubuhan raina Raden Muslimat nuju hanaang ku Elmu, atuh derekdek deui bae naroskeun ka rakana.
Rd. Muslimat : Manawi engkang teu kaabotan, rai bade naroskeun deui hanca anu teu acan kabujeung diteraskeun ku salira engkang. Rd. Muslimin : Alhamdulillah rai !, urang dikersakeun ku anu Kagungan Kersa, dipasihan sehat oge kiat. Mugi-mugi enggoning urang madungdengkeun ieu Elmu Agama, dipirido kenging pituduh Manten-Na. Amin. Mangga rai !, …, kamari teh dugi kamana anu dipadungdengkeun teh ?
Rd. Muslimat : Nembe … perkawis sarat Sahna Maca Syahadat, nyaeta Sidik ka Rasululloh. Anu ku engkang parantos diterangkeun, yen Rasululloh anu “ Hakekatna mah, nyaeta anu teu pisah sareng diri urang” nyatana Rasa. Rasa anu salamina kedah dipiara teh nyaeta Rasa Nurani, anu nungtun kana kawelas-kaasih ka sasama, karumasaan, katumarimaan sareng ka cinta tur ngadorong sumerah ka Alloh Ta’ala. Nya anu kitu anu disebut Rasa Alloh atawa Rasululloh. Margi Rasa teh mangrupa “ Utusan Wujud” Alloh anu Goibul Wujud. Geuning katerangan dalil oge kieu :
“ KULLI UMATIN RASULLIHI”
Anu hartosna : Dina sakabeh umat pada katetepan Rasululloh”. Anu dimaksud nyaeta Rasa Alloh. Oge katerangan dalil :
AL-INSANU SIRRI WA ANA SIRRUHUU Artina :
“Rasa Muhammad teh Rasa Alloh, Rasa Alloh teh Rasa Muhammad”. Naging sanggeum engkang teh sok sanaos parantos ngartos, parantos paham oge, tetep kedah disarengan ku padamelan, supados Sidik tea, nyumponan kana kecap
“ WA ASHADU ANNA MUHAMMAD RASULULLOH”. Nembe dugi kadinya kang !. Rd. Muslimin : Nuhun atuh rai !, ari parantos paham mah, boh kana basana, boh anu kedah dipilari, oge anu kedah dipidamel sangkan dugi ka sidik tea. Insya Alloh rai !, upami parantos kapendak ieu, teu burung ngageubray caang kana hal-hal anu sanesna oge, boh ngeunaan ka-Imanan, boh ngeunaan Rukun Islam anu sanesna. Sakumaha ku engkang parantos dijelaskeun, yen Syahadat mah mangrupa Pondasi Agama, anu kedah weweg supados kanu sanesna kacandak weweg alias tohaga.
Rd. Muslimat : Ke…kang !, sateuacana ningkat kana ibadah anu sanesna dina Rukun Islam, bilih kabujeung hilap, eta perkawis “ Martabat Alam Tujuh” anu nembe diterangkeun teh 5 (lima) Alam (Ahadiat, Wahdat, Wahidiat, Arwah sareng Ajsam), janten kantun 2 (dua) Alam deui nyaeta : Alam Misal sareng Alam Insan Kamil.
Rd. Muslimin : Aeeh….leresnya !, aya keneh hanca perkawis Alam anu dua deui. Tapi …..Rai !, sateuacan nerangkeun Alam Misal sareng Alam Insan Kamil, etang-etang ngaderes deui sareng supados langkung paham, kieu geura : Ari anu 3 (tilu) Alam mah, eta ghaib atawa qadim, nyaeta : Alam Ahadiat (Dzat) = Dzat Laesa Kamislihi Syae’un Alam Wahdat (Sifat) = Nur Dzat atawa Johar Awal Alam Wahidiat (Asma) = Nur Muhammad (Nur Papat Warnae) Ari Alam Arwah mah, mangrupa Alam Nyata/Bukti (Af’al) Alloh SWT, nya ieu Alam Semesta, anu diwangun ku :
SENEU, ANGIN, CAI, TANEUH.
Anu mawi disebut Arwah teh sabab
Pi - ROH –hen , nyaeta Pi – Geutih –hen, Pi – Adam Majaji –eun, atawa Pi – Bibit –ten jasad manusa. Sedengkeun Alam Ajsam mah, buktina Jasad Manusa. Jasad urang teh asalna tina Alam Arwah tea. Sareatna pasti karaos. Cing … upami Rai !, henteu barang tuang Aci-acian tina Seneu, Angin, Cai, Taneuh anu nyerep gumulung kana Buah-buahan atawa Bebetian, panginten bakal leles langlayeuseun, moal aya tanaga. Jadi jelasna rai…!, kajadian diri teh tina sari pati atawa acina anu opat rupa. Kieu geura : Seneu jadi Daging, hawana jadi
NAFSU AMARAH bijilna tina Ceupil Angin jadi Sumsum, hawana jadi
NAFSU LOAMAH bijilna tina Panon Cai jadi Tulang, hawana jadi
NAFSU SAWIYAH bijilna tina Baham Taneuh jadi Kulit, hawana jadi
NAFSU MUTMAINAH bijilna tina Irung Tangtuna oge ieu nafsu-nafsu teh dua papasangan, aya anu hadena (positip), oge aya anu gorengna (negatip), gumantung kumaha ngelesannana. Tah…. Urang ningkat kana Martabat Alam Misal. Nyaeta Martabat Elmu anu bisa weruh kana Asal. Weruh kana asalna Jasad urang waktu keur di Qodim nyaeta Nur Muhammad (Nur Papat Warnae) tea. Upami jalma parantos weruh, awas kana eta 4 (opat) perkawis kalayan Hakul Yakin lain ngan basa wungkul, nya disebut Alam Misal nyaeta Ma’rifat ka Asal. Tah …. Kitu rai,…. Pereleannana.
Rd. Muslimat : Hatur sewu nuhun kang !, .. dipasihan katerangan perkawis Alam Mitsal, nyaeta mangrupi tahapan elmu anu nyusud ka asal urang dugi ka Hakul Yakinna, anu sabenerna memang diwajibkeun ku Nu Maha Suci, manusa pikeun ngaihtiarannana. Salajeungna ulah kapalang hiji deui kang !... nyaeta perkawis Alam Insan Kamil. Cobi martabat anu kumaha anu parantos dugi kana INSAN KAMIL teh ?
Rd. Muslimin : Eta mah rai ! …. Tutugna anu Ngelmu, sasat jalma anu parantos Ma’rifat kana Dzat-Na nu Maha Suci. Kumargi kitu martabat Insan Kamil mah, hartosna Manusa Sampurna, parantos Takhqik, terang ka asalna.
Rd. Muslimat : Anu dimaksud tos terang dugi ka asalna teh anu mana kang ?
Rd. Muslimin : Eta… parantos terang ka SAGARA HIRUP (BAHRUL HAYAT), nyaeta Kasampurnaan Nyawa. Rai !, …. anu disebut Johar Awal tea, atawa Hakekat Muhammad oge disebat Sajatining Syahadat. Tah…. upami parantos terang dugi kadinya keur didunyana, tangtos bakal tiasa Mulang ka Asal-Na, atawa sok disarebat Mulih ka Jati, Mulang ka Asal (Wa inna Ilaihi Roji’un). Moal cidra Alloh mah, parantos jangji ka sakumna anu Ma’rifat ka Manten-Na. kitu tah rai !..., cohagna mah disebat Insan Kamil teh nyaeta anu parantos uninga atawa Ma’rifat ka Dzat - Sifat-Na Nu Maha Suci.
BAB IMAN
Rd. Muslimat : Kang !......., babaran perkawis Asal mangrupi bibit anu poko, parantos dijelaskeun sareng ka paham ku rai. Ieu mah etang-etang ngarautan deui sareng ngudag eusina tina sagala elmu anu parantos katampi ku rai ti nuju alit, hoyong langkung dijentrekeun deui ku engkang. Ti payun engkang…. Kantos nyarioskeun kieu : Ari neleuman Agama Islam teh kudu nete taraje nincak hambalan, nyaeta kedah Iman heula, teras Tauhid heula, teras Ma’rifat heula, nembe kana Islam. Kukituna mugi engkang kersa ngajelaskeun.
PEDARAN RUKUN IMAN
Rd. Muslimin : Rukun Iman anu ka 1 (hiji) “Amantubillahi” hartosna : (Percaya ka Alloh). Ayeuna engkang bade naros ka rai !, percaya henteu ka Alloh ?
Rd. Muslimat : Ari engkang…..!, atuh kantenan percaya mah, parantos teu ham-ham deui.
Rd. Muslimin : Nuhun ari parantos teu asa-asa mah atuh. Eta… pangna rai !, percaya teh , percaya kana naonna ? Rd. Muslimat : Nya percaya kana Ayana Alloh. Rd. Muslimin : Ayana teh dimana ?
Rd. Muslimat : Eeeh…. Rai mah percaya pedah aya dadameulannana, nyaeta Bumi, Langit, sareng saniskara eusina ieu Alam. Samangsa-mangsa aya dadamelannana pasti aya anu ngadameulna. Kitu pamendak rai mah….
Rd. Muslimin : Mung sakitu rai ?...., teu aya deui kebatna ?. Upami semet kitu mah atuh murangkalih oge parantos barogaeun. Ari parantos dewasa mah kedah leuleugeur, sing kagungan paham rangkepan, ulah bolostrong bae. Pek sing leukeun larapkeun ka Badan Urang. Margi rai !..., upami paham ngan semet kitu, jiga-jigana ayana Gusti Alloh teh saluareun langit anu katingali ieu. Paingan atuh sok narunjuk sareng namprakeun panangan ka luhur. Rai !..., upami kagungan paham yen Alloh teh ibarat Manusa ngadameul korsi atawa meja, atuh Alloh teh papisah, pajauh ti diri urang. Atuh kitu mah papalimpang sareng dalil :
WANAHNU AQRABUN ILAIHI MIN HABLIL WARID (Q.S. Qaf : 16 ) Hartina : Kami jeung maneh geus eweuh antarana deui, deukeut keneh Kami ka maneh ti batan (urat beuheung nu nganteung dina beuheung maraneh sorangan). Masih keneh aya antarana. Kapan eta teh eusi tina Dalil Al-Qur’an
Rd. Muslimat : Duh kang !...., kumaha atuh ari Sahna Percaya Ka Alloh teh anu saleresna ?. Geuning paham semet semet anu ku rai di kapayunkeun mah kitu…. Kirang sampurna. Kumaha sangkan paham klop sareng dalil anu nembe.
Rd. Muslimin : Rai !....., teu gampang Iman ka Nu Maha Suci teh, henteu cekap ku Tekad sumawonna ngan semet ku Basa, kengingna teh kedah ku Ma’rifat. Upami rai ….. henteu acan mafhum, geura hempek lenyeupan, saliksik ku Ati, papay ku Rasa Kaayaan Wujud, papay heula tina Dzat-Na Alloh SWT. Kapan Dzat teh parantos gumulung sareng Sifat, disebat Nurulloh. Sundana mah Cahaya. Cahaya Nu Maha Suci. Ari Cahaya teh sifatna hirup anu ngaliputan sadayana Alam, kaasup diri manusa. Kusabab kitu, atuh ngamak’naan Rukun Iman anu ka Hiji teh (Amantubillahi), kedah kieu :
“SATEGEUSNA KAULA PERCAYA KA HIRUP SORANGAN, KA HIRUPNA WUJUD KAWULA PANGNA HIRUP, ETA PERTANDA AYANA ALLOH”. Pon nyakitu deui, ieu Alam Semesta oge pada kaliputan ku Hirup Alloh. Kitu tah rai !.
Rd. Muslimat : Nuhun sarebu nuhun kang !...., kahartos kacida, karaos ayeuna mah Alloh teh akrob sareng wujud. Atuh bakal tambih isin upami ngalakukeun teu leres teh, da sasarengan siang wengi. Paingan sanggeum sisindiran :
LEULEUPEUTAN – LEULEUMEUNGAN, DI ARAH KEJO POENA, DEUDEUKEUTAN REUREUJEUNGAN SARENG ALLOH SAPOPOENA.
Ayeuna kantun Rukun Iman anu ka 2 (dua) :
“ Wa Malaikatihi “ anu hartosna : Kawula percaya ka Malaikatna Alloh. Mugi engkang !..., ngajelaskeun !. Rd. Muslimin : Eta…. Rai !.... percaya teh percaya kumaha ?
Rd. Muslimat : Kieu upami sapuk mah sareng manah engkang, “ Yen Malaekat teh salaku utusan Alloh, anu ngadugikeun ayat-ayat ka para Nabi sareng para Rasul nalika masih jumeneng keneh. Rd. Muslimin : Upami paham rai kitu, …. Sedengkeun ayeuna para Nabi, para Rasul, khususna Nabi Muhammad parantos pupus, atuh panginten Malaikat teh parere, parantos henteu di utus deui nya ?
Rd. Muslimat : Eeeeh…, leres nya ?, upami kitu mah khususna Malaikat Jibril, panginten pere. Mugi engkang…., kersa ngeceskeun, da karaos paham rai…. Anu tadi mah lepat.
Rd. Muslimin : Atuh naha ngaji teh kitu ?, ngaji kawas murangkalih et amah. Sanggem engkang oge, ari ngaji ulah ingkar tina diri. Geura rakrak/kakat, kotektak badan sakujur, ngarah ngajinis. Kedah enggal-enggal bilih kabujeung wafat !, susah temennan upami kabujeng pupus teh, sedengkeun ngajina can tamat da katungkul ku maca bae, ngapalkeun basana ari eusina teu di palire, jadi bae ngan pinter maca jeung nyurahkeun. Ari pek teh pedah parantos pinter maca sareng nyurahkeun, asa parantos ngarasa cukup, ngarasa sugema, bari diangge kumangungan cenah pasti bakal ka Sawarga. Kieu rai !....., papay heula perkara Malaikat teh, kapan tadi disebatkeun salaku Utusan Alloh. Ari Alloh teh Sifatna Hirup. Jadi atuh Malaikat teh nyatana Usik. Sakabeh usik, boh usik Ati, kitu deui usik Jasad. Kapan Usik teh utusan, nya Hirup anu miwarang. Najan usikna bulu, usik kuku manjangan, eta sadayana Malaikat. Anu mawi sanggem Hadist, Malaikat teh rebu-rebu seueurna, tapi henteu jirim aperti wujujud manusa. Sareng tara barang tuang, oge tara kulem siang wengi oge. Penginten ku rai !..., kasaksi, sok sanaos rai nuju kulem, tapi ari Bulu, Kuku tetep manjangan, Napas tetep ngarenghap, atuh Jasad ngajangkungan sareng ngalintuhan. Istuning eta Usik (Malaikat) teh satia kana utusan, didamel siang wengi. Rai…!, eta Malaikat anu mangrebu-rebu teh, ari mandorna mah anu 4 (opat), nyaeta :
Usik Tinggal Mandorna Malaikat Jibril Usik Baham Mandorna Malaikat Mikail Usik Dangu Mandorna Malaikat Isrofil Usik Angseu Mandorna Malaikat Ijro’il
Rd. Muslimat : Kahartos ari kitu mah kang !, paingan Malaikat teh kamashur, henteu warna, henteu rupa, henteu pamegeut henteu istri, tara kulem sareng tuang leueut. Sidik ari ku mah, moal enya Usik ngawujud. Ayeuna kantun….
Rukun Iman anu ka 3 (tilu) “
Wa Kutubihi” nyaeta : Percaya kana ayana Kitab Alloh Ta’ala.
Rd. Muslimin : Cing….. kumaha paham rai…!, percaya kana Kitab Allah Ta’ala teh ?
Rd. Muslimat : Nya kanggo rai mah, percanten kana Kitab anu aya tulisannana, buktosna Al-Qur’an.
Rd. Muslimin : Eta oge leres…, percanten kana Kitab Al-Qur’an sakumaha anu pada ngajarelaskeun ku para ahli. Nanging rai !..., kedah dirangkep ku paham Percaya kana Kitab Tulisan Wujud Urang. Margi upami parantos dilenyeupan, eta tulisan Kitab Al-Qur’an teh estuning nuduhkeun kana tutulisan wujud urang, wiwincikan diri. Jadi rai teh ….., kedah percanten kana Tutulisan Kuring boh bengharna, boh miskinna. Poma masing narima kana eta tulisan diri anu saestuna. Upami parantos kitu, geura bakal Sabar moal rek aral upama nuju aya dina kakirangan.
Rd. Muslimat : Ke….kang !.., eta mah tutulisan diri dina hal takdir boh beunghar, boh miskin. Kumaha upami jalma anu kenging Hukuman Penjara, eta oge sami tulisan ti Alloh ?
Rd. Muslimin : Iiiih…. Ari anu menang hukuman kitu mah, eta mah tulisan ti Setan, tina Nafsu Wujud Urang. Ongkoh parantos pada ngawartosan, yen anu sok maling, Jinah, maehan, eta bakal dihukum, bakal dipenjara, naha atuh di lakukeun ? Tulisan ti Alloh mah lain anu kitu, diantarana upama ninggang cilaka anu teu di haja.
Rd. Muslimat : Perkawis Rukun Iman anu ka tilu parantos kahartos, ayeuna kantun teraskeun kana Rukun Iman anu ka 4 (opat), nyaeta
“ Wa Rasullihi”. Tegesna kedah percaya ka Rasululloh salaku utusan Allah.
Rd. Muslimin : Paham ……, kumaha percaya ka Rasululloh utusan Alloh teh ?
Rd. Muslimat : Ari paham rai mah, nya anu disebat Rasululloh utusan Allah teh …., eta para Rasul, da kapan para Nabi atawa Rasul mah salaku utusan Alloh ?
Rd. Muslimin : Kitu oge teu lepat…., ari Majajina mah, atawa sreatna mah, tapi kapan ayeuna mah para Rasul parantos parupus sareatna, atuh ayeuna man percanten teh kedah kana Hakekatna badan anu jadi utusan Hirup pribadi. Jadi kedah kieu tekad urang teh :
Sategesna geus percaya tigin kana ieu Rasa Wujud Urang. Rasa tinggal, Rasa Dangu, Rasa Baham, Rasa Angseu. Mangga geura rasakeun ku rai !...., bade kumaha teu percayana kana Rasa Wujud. Upami barang tuang uyah, tangtosna sanggeum Rasa Baham teh Asin. Upami barang nguping sora gelap, tangtosna sanggeum Rasa Dangu teh sora guludug, kapan moal disebat musik. Upami barang ningali nu caang, tangtosna sanggeum Rasa Tingal teh moal nyebatkeun poek. Upami barang ngangseu Minyak seungit, tangtosna sanggeum Rasa Angseu teh kapan moal nyebatkeun bau, pasti tangtuna oge sengit. Kapan ari Rasul mah tara bohong sareng tara cidra rai.
Rd. Muslimat : Leres pisan kang !..., Rasul mah tara bohong tara cidra. Upami kitu… ari anu osok bohong sareng cidra saha ?, sareng timana torojolna ?
Rd. Muslimin : Ari anu osok bohong jeung cidra mah Manusa rai !..., norojolna tina Biwir pangucap manusa. Contona : Upami rai…, ngagaleuh minyak sengit, tangtu eta minyak teh di ambungan heula. Saparantos cop atawa pas sareng hate, eta seungitna minyak teh disaksi ku Rasa (Rasul) Pangambung, nembe naroskeun perkawis harga. Sanggeum anu dagang, hargana teh (upamana) tilu rebu perak. Tah… kusabab rai palay leuwih murah, teras di akalan, rai teh ngucapkeun kieu :
“ aaah…., mahal teuing sakitu mah…., naon minyakna oge henteu seungit”. Padahal Rasa Pangambung rai mah ngabenerkeun yen eta minyak teh sengit. Tah Nafsu (kahayang murah), anu ngadorong kana akal sangkan digawe, teraskeun ditepikeun ku biwir. Jadi torojolna teh tina Nafsu, ngadorong kana akal manusa. Da Rasul mah tetep teu bohong. Kitu tah ra !....
Rd. Muslimat : Leres pisan, ayeuna mah parantos ka paham perkawis Rukun anu ka opat mah, kantun ayeuna teraskeun kana Rukun anu ka 5 (lima) nyaeta :
 “ Wal Yaomil Akhir”. Tegesna percaya kana Poe Akhir.
Rd. Muslimin : Cobi heula, paham rai !.... dugi kamana perkawis Wal Yaomil Akhir teh ?
 Rd. Muslimat : Ari rai mah percanten pisan, yen Alam Semesta ieu bakal ruksak, nekanan poe akhir nyaeta Kiamat. Mung sakitu katerang rai mah.
 Rd. Muslimin : Kitu oge henteu salah rai !...., naming sasaran paham rai eta jauh teuing. Eta mah kana Kiamat Jagat Kabir jigana mah moal kasorang ku anak incu. Ayeuna mah kieu !, rai teh kedah ngalirik kana Jagat Shagir, nyaeta Jasad Urang, anu bakal ti heula nekanan poe akhir, nyaeta Pupus atawa Wafat. Eta rai !..... anu kudu dipikiran mah, sing gede kasieun. Kudu buru-buru nyiar elmu supaya katepi kana Ma’rifat ka Allah, bisi kaburu maot !... kapan rai…, sieun ku Naraka ?
Rd. Muslimat : Aaah… rumaos kang !.... Rukun Iman teh ngan dibaca sadayana, tapi ngimankeunnana, eusina mah ngaler ngidul.
Rd. Muslimin : Kedah ti ayeuna rai !...., di aji eusina, dirasakeun, margi Rukun Iman teh Bibit rahayu Dunya Akherat. Keur di dunyana moal keuna ku hukum penjara, sabab laku nu goreng dijaga, da nu Maha Suci ngayakeun Rukun Iman teh pikeun Pamageur Nafsu anu Awon. Atuh di akheratna baris pinanggih sareng Ka-Nikmatan.
Rd. Muslimat : Insya Allah kang !....., bade di estokeun pisan. Kantun Rukun Iman anu ka 6 (genep), nyaeta : “ Wal Qodri Hoerihi”. Tegesna timbang-timbang papasten hade sareng goring. Mugi engkang…., ngajelaskeun !..., rai teu acan ngartos, moal enya Alloh midamel awon.
Rd. Muslimin : Iih…, rai !, ari Allah mah mung midamel Suci, anu sae-sae, da anu goreng mah eta ti Idajil tea, sakumaha anu parantos dijelaskeun ti payun. Kieu..geura ngama’naan Rukun Iman anu ka genep mah : “ Urang kudu percaya sing tigin, upama jalma waktu hirupna teu aya kadaek, teu daek nyiar elmu, teu daek ibadah, teu daek ngabakti ka Nu Maha Suci, eta anu kitu dimana engke Maot/Wafat, nyawana bakal tigebrus ka Naraka (nempuh ka teu ngeunah) anu langgeung. Meunang siksa kubur, sakarat mah geus puguh”. Jadi nyorang Tilu kali siksaan. Tapi sawangsulna, upami jalma anu hirupna suhud neangan elmu, Sareatna, Tarekatna, Hakekatna, Ma’rifatna geus kasusul, bari kersa amal ibadah
“Hablumminalloh Wa Hablumminannas”. Tah eta bakal meunang untung, benghar ku kanikmatan (Sawarga). Teu ngalaman siksa keur sakarat, siksa kubur, sareng siksa Naraka. Kitu …tah… ra !.., babaran Rukun Iman anu ka genep mah, mangrupa mungkas tina Rukun Iman. Sakali deui rai !...., ari percaya teh kedah sareng Ma’rifatna. Sabab upama ngan semet percaya wungkul, bari teu jeung Ma’rifatna, disebatna teh Iman Taklid sareng Idlal tea, henteu dugi ka Iman Tahqiq. Sareng ari Iman teh aya dua perkara : Ka hiji Iman ka Dzat Sifat-Na Alloh bari sareng Ma’rifatna. Ieu mah bagean elmu Hakekat. Ka dua Iman kana Parentahna Alloh, kedah ngalakonan Rukun-Rukun-Na. Tah…ieu mah bagian elmu Sareat. Kitu oge upama nuju kaayaan jagjag waringkas.
Rd. Muslimat : Kumaha upami jasadna parantos teu walakaya ?. panginten moal tiasa ngalaksanakeun Rukun Islam sagemblengna, sapertos Sholat, Puasa, Munggah Haji ? Rd. Muslimin : Saleresna ari Iman mah ulah pegat, kedah teras Iman ka Nu Marentah-Na. da pikeun anu parantos Ma’rifat mah, sanaos jasadna parantos teu walakaya oge, pasti moal hilap, moal samar, da henteu kedah sareng praktek, malah teu lisan-lisan acan. Margi parantos ngaraos ngahiji, teu ngaraos papisah, nuju calik, leumpang, nangtung, ngarenghap, henteu weleh sasarengan (Akrob). Da ieu wajib sanes fardhu.
Rd. Muslimat : Kee…. Kang !..., naon dasarna pangna disebat Wajib ?
Rd. Muslimin : Geuning sanggeum hadist oge :
“ WA KHAWAIDUL IMANI WAJIBUL WAJIB AN’YALAMA”. Anu hartosna : Kabeh umat wajib pada weruh kana Iman. Nyaeta kana Iman Sajati.
Rd. Muslimat : Tadi…..sanggeum engkang, eta mah Wajib sanes Fardhu. Ari Fardhu anu kumaha ?
Rd. Muslimin : Ari Fardhu mah, tina parentah wajib anu parantos di olah deui ku Kanjeng Nabi Muhammad Rasululloh SAW, miwarang ibadah ka Allah. Kedah pisan rumasa tur tumarima, margi Asal Urang, Usik Malik Urang teh disareng ku Manten-Na. upami urang teu kersa ngabakti, teu ibadah ka Manten-Na, atuh jadi nyaruaan, papak henteu aya luhur handap. Fardhu mah nya dina ibadah Syareat. Rai !..., Wajib sareng Fardhu teh, basana oge dua rupa, tapi sing ngahiji sing ngagulung.
Rd. Muslimat : Kang !....., kamalinaan…, parantos waktos netepan Lohor, engke urang sambung deui. Atuh rai sareng raka, arangkat heula ka Masjid bade naretepan heula Lohor. Saparantosna rengse naretepan, ngabujeung deui ka Bale Paguneuman, neraskeun hanca anu katunda /kapegat. Rd. Muslimat : Kang !..., rupina perkawis babaran Rukun Iman mah di anggap tos cekap heula, kapan urang teh nuju ngahanca IMAN – TAUHID – MA’RIFAT – ISLAM.
Ayeuna mangga tingkatkeun kana Bab Tauhid.
BAB TAUHID
Rd. Muslimin : Rai !..., ari TAUHID teh, undakna atawa ngaronjatna tina Iman. Upama Iman-na (Taklid, Idlal, Takhqiq) parantos kacumponan, parantos Haqul Yakin (awas qolbuna) kana Bahrul Adam/Nur Muhammad, tangtuna oge baris ajeg moal galideur deui, sarta bakal soson-soson, suhud, khusyu, rasa, rumasa, tumarima. Ucapna tara geurehan, tara sugal pikanyerieun hate batur, sopan someah hade ka semah. Lakuna, nyengker kana ka-Mak’siatan anu sakira diharamkeun ku Agama tur di larang ku nagara. Elmuna bari prak di amalkeun kalawan sadrah, ikhlas. Tur dina prak ibadah ka Nu Maha Suci, disarengan ku Rasa, rumasa, narima lamokot ku kokotor, rumasa bodo, teu daya teu upaya. Usik, malik, leumpang, ningali, ngadangu, ngangseu sareng nyanggeum teh, kajabi Allah Dzat Wajibul Wujud.
Anu mawi sumerah diri ka Manten-Na. Kitu tah….. kirang langkung jalmi anu parantos TAUHID.
Rd. Muslimat : Parantos kahartos perkawis Tauhid mah, atuh teraskeun kana Ma’rifat.
BAB MA’RIFAT
Rd. Muslimin : Ari MA’RIFAT teh undakna tina Tauhid, Tekad – Ucap – sareng lampahna parantos salamina sae ( Takholi sareng Tahalli), atuh pastina oge bakal tiasa Tazalli (awas) kana Dzat – Sifat – Asma-Na Allah. Sakumaha ti payun parantos dijelaskeun, yen Ma’rifat teh parantos tembus paningal atina/qolbuna, ka Dzat Sifat Allah ku ridho tur pitulung Manten-Na. kitu tah…rai !...., perkawis Ma’rifat mah.
Rd. Muslimat : Hatur nuhun kang !..., perkawis IMAN, TAUHID, MA’RIFAT parantos, ayeuna kantun ISLAM. Cobi kumaha ecesna perkawis Islam teh ?
BAB ISLAM
Rd. Muslimin : Ari ISLAM teh rai……, sategesna Suci, bersih tina sagala kokotor. Ari anu jadi kokotor teh naon ?, taya lian ti iwal ti Nafsu. Saha jalmana anu henteu kaancikan ku Nafsu ?. tos kantenan di jalma anu lakuna ma’siat, sanajan di ahli Agama oge, sami pada kaancikan nafsu. Ari jugjugan atawa Sasaran ti Nafsu teh pokona mah ngan 3 (tilu) perkara :
Kalungguhan / kakawasaan (Tahta) Haliah dunya (Harta) Birahi (Wanita/Pria) Rai !..., ari Islam teh teu dua teu tilu, estu ngan hiji-hijina. Malahan keur hiji teh Ghaib deuih. Sategesna Islam teh Nur. Tah eta anu teu katetepan nafsu mah. geuning nalika masih keneh aya dina Alam Nur mah, rai…, teu kagungan kahoyong naon-naon. Atuh kitu deui anu Islamna oge teu dua teu tilu, ngan hiji nyaeta Rasululloh. Ku sabab kitu, atuh geuning jalma mah teu kabagean Islam, paling-paling jadi Umat-Na. Kitu oge anu tepi ka pangkat Umat teh sarebu hiji, sabab kedah terang heula ka Rasululloh, sarta kedah ngalakonan kana parentahna.
Rd. Muslimat : Kedah terang heula ka Rasululloh ?, rupina sami kang sareng ma’nana Warosulihi dina Rukun Iman ?
Rd. Muslimin : Kirang langkung kitu tah rai !..., ma’nana perkawis Islam teh ! Rd. Muslimat : Supados nyambung kang…!, kumaha upami teraskeun kana Rukun Islam ?
PEDARAN RUKUN ISLAM Rd. Muslimin : Perkawis Rukun Islam mah, kalebet kana ibadah Sareat rai !.., janggelekna atawa ciri ti jalmi anu parantos Iman ka Allah, di buktikeun ku Amal Ibadah kasasama (Hablumminanas) sareng ibadah ka Alloh (Hablumminalloh).
Rd. Muslimat : Ke..kang !.., eta perkawis ibadah ka Allah, asa kirang ngartos rai mah. kapan Alloh mah sifat Ghoniyun (Maha Benghar), Maha welas, Maha Asih, naha beut hoyong di ibadahan ku makhlukna ?
Rd. Muslimin : Et amah ra !..., sakadar basa wungkul ibadah ka Alloh teh, kereteg hate Janggelek tina Rasa rumasa, di usik malikeun ku Manten-Na. Atuh kalihna ti eta, praktek ngabakti kitu teh ngabedakeun antara Anu dicipta (di damel) sareng Anu Nyipta (anu ngadamel). Upami henteu kitu, atuh panginten teu aya Martabat Luhur Handap, atuh dianggap sami (papak) antara makhluk sareng kholikna. Anu langkung jero maknana teh, manusa teh kedah seperti Allah, buktos ibadahna (Welas-Asih) ngamodalan kumplit, taya kurang, saniskara di ayakeun, taya lian pikeun sakumna makhluk-Na. Anu mawi dina nuju ngadararo’a atawa syukuran nalamprakeun panangan kaluhur teh, sanes ngandung harti Allah aya ucang angge di Langit Katujuh, tapi nganyatakeun yen Martabat Allah teh pangluhur-luhurna, moal aya anu nyamian. Kitu rai…, tah…Allah mah teu peryogieun ku anu ibadah, sareng teu hoyongeun di ibadahan, paling oge Allah mah miwarang emut (Eling) ka Manten-Na. margi upami henteu emut ka Manten-na, engke bilih hilap karagungan rarasaan pangkawasana, heug wae boga lampah sakama-kama.
Rd. Muslimat : Upami Allah henteu peryogieun di ibadahan, atuh.., kanggo saha eta amal ibadah teh ?
Rd. Muslimin : Nya mangfaatna mah pikeun anu ibadahna keneh. Upami rai…, sering susuci diri, boh lahirna boh batinna, atuh rai teh bakal bersih tina kokotor atawa dosa-dosa (Hadas ageung sareng hadas alit). Rai.., sering ibadah berjamaah, atuh ngaraketkeun duduluran sareng ngaraketkeun rasa persatuan hirup bermasyarakat. Rai.., sering sumerah diri (Hablumminalloh), ngandung harti yen rai teh hoyong kenging pituduh sareng pertolongan, dituduhkeun kana Jalan anu lempeng, kiat nahan atawa ngelesan nafsu. Pangpangna mah sangkan ridho tiasa Ma’rifat ka Dzat – Sifat – Asma MantenNa.
Rd. Muslimat : Ka… kang !.., aya keneh kapanasaran perkawis Amal, sanggemna perkawis amal teh aya 4 (opat) perkara : Amal Jariah Amal Sadrah, Amal Soleh Amal Ma’ruf Mugi engkang !....., tiasa maparin katerangan hiji-hijina !
Rd. Muslimin : Kieu rai !..., ari Amal Ibadah teh sapertos dina hal Iman anu parantos dikapayunkeun, sami aya 2 (dua) tahap, aya Fardhu sareng aya Wajib.
Ari Amal Ibadah Fardhu mah, parentah Nabi Muhammad Rasululloh, pikeun ka papada manusa (Hablumminanas) sakumna kaunggel dina Hadist. Kitu oge upami kasartaan boh ku tanaga, boh ku harta. Ari Amal Ibadah Wajib mah, pikeun Ma’rifat ka Allah manusa teu kenging sulaya, margi Wajib kasebatna, sakumaha dawuhan Kanjeung Nabi Muhammad :
 “ ILLA ANNA AWALLA NAFSHAS FARDHU AEN ”. Anu hartosna : Mimiti amal ibadah teh sing ngarti /terang Jatining Hirup masing tepi ka Aena (ngajinis). Sabab kudu katingali eta Sifat Hirup, margi eta Jatining Syahadat.
Rd. Muslimat : Dupi…, eta amal anu opat rupi teh .., kumaha tumerapna atawa prak-prakannana dina ibadah kang ?
 Rd. Muslimin : Kieu eta mah rai !..., eta anu 3 (tilu) ( Jariah, Sadrah, Soleh) teu kenging sulaya. Ari tumerapna nya dina Amal ibadah anu aya tina Rukun Islam. Kieu gera : Ari Amal Jariah teh pagawean Badan. Urang kudu ngarti yen ieu Wujud urang teh nuju janten Jariah Allah atuh kedah nurut kana Kersana Alloh. Hartosna Wujud nuju di anggo ku Allah. Ari Amal Sadrah mah, pagawean Lisan. Hartosna nuju dianggo Maca Kalimah. Sadayana Puji waktu eta mah Sadrahkeun ka Allah, kapan sanggem dalil oge : “ PUJI MAH KAGUNGAN ALLOH (ALHAMDULILLAH)”, da kapan manusa mah Lahawla wala kuwata (Teu daya upaya). Ngandung harti ulah sok nyoro puji ka Allah, sok hayang di puji atawa pupujieun. Ari Amal Soleh, et amah pagawean Qolbu/Hate. Kedah soleh teh, kedah bersih hate/qolbu, sing cengeng ulah kaganggu patekadan ku Tahta, harta, wanita/pria. Jadi kedah “ LILLAHI TA’ALA ”. Kitu amal kanggo ka Allah mah rai !.., henteu deui sareng amal ibadah ka papada manusa, sok pandang kana buruhan (Pamrihan). Ari amal anu hiji deui mah Amal Ma’ruf, et amah tumerapna dina “ Hablumminanas ”, tapi didasaran ku Lillahi Ta’ala. Janggelekna dina amal ibadah di Rumah Tangga, amal ibadah di lingkungan Masyarakat, berbangsa bernegara. Amal ibadah anu dumasar kana ka ikhlasan, teu aya maksud ka dua leutik, taya pangarahan, ibadah ngajauhan kasarakahan/kamungkaran. Rd. Muslimat : Aduh.., hatur nuhun kang !..., rai parantos dipasihan terang perkawis perelean Amal Ibadah. Tapi rupina…, eta amal ibadah teh tiasa ngajanggelek “ Lillahi Ta’ala” upama Iman-na parantos Tahkik, Tauhid-na parantos leres, atuh Ma’rifat-na leres, oge Sajatining Islam-na parantos kapendak. Cobi…, ayeuna rai hoyong terang, eta Amal Jariah, Sadrah, Soleh teh kumaha tumerapna dina prak-prakan ibadah Rukun Islam !.
Rd. Muslimin : Ari tumerapna dina hiji-hijina anu kawengku ku Rukun Islam mah sareng moal leupas tina SAREAT, TAREKAT, HAKEKAT, MA’RIFAT-na kieu geura :
RUKUN ISLAM KA HIJI “ SYAHADAT”
Ari katerangan Syahadat mah, bawiraos parantos cekap sakumaha dijelaskeun ti payun. Jariah - na : atawa Syareatna Badan/Baham ngucapkeun Du’a Kalimah Syahadat. Sadrah – na : atawa Tarekatna Antebkeun Ati/Qolbu, eling muji ka Allah ka Rasululloh bari pasrah Lillahi Ta’ala. Soleh – na : atawa Hakekatna Bersih tina kahayang kaperluan kahirupan sangkan tiasa Awas (Tazalli) kana Sifat Hirup. Ma’rifat – na : Ngaraos kaliputan ku Dzat – Sifat Allah. Tah eta Dzat – Sifat Jatining Syahadat atawa Jatining Hirup atawa Hakekat Muhammad.
RUKUN ISLAM KA DUA “ SHALAT”
Jariah - na : atawa Syareatna Waktu dina Solat, wujud urang teh nuju janten Jariah Alloh, nuju di anggo : Nangtung - Takbiratul Ikhram – Ruku – Sujud Lungguh. Sadrah – na : atawa Tarekatna Syukuran kana ka-Agungan Allah. Sumerah teu ngaraos kagungan Jasad, teu ngaraos kagungan kahayang. Soleh – na : atawa Hakekatna Bersih, Suci Qolbu.
NANGTUNG – NA NUJU HAKEKAT HURUF ALIP ( ﺍ )
RUKU – NA NUJU HAKEKAT HURUF LAM AWAL ( ﻞ )
SUJUD – NA NUJU HAKEKAT HURUF LAM AKHIR ( ﻞ )
 LUNGGUH – NA NUJU HAKEKAT HURUF HE ( ﻪ )
TAKBIRATUL IKHRAM – NA janten Hakekat Tasjid ( ω ) Ma’rifat – na : Awas Qolbu ka Nur Muhammad ( Narun, Hawaun, Maun, Thurabun), eta anu baris nepikeun ka Dzat – Sifat Nu Maha Suci. RUKUN ISLAM KA TILU “ ZAKAT”
Jariah - na : atawa Syareatna sakumaha umumna mere ku beas, ku duit, ditarima ku fakir miskin, ku yatim piatu. Sadrah – na : atawa Tarekatna Dina nuju Sholat Daim (Tazalli) Soleh – na : atawa Hakekatna Bersih, Ikhlas ngazakatkeun diri ka Nu Maha Suci. Ma’rifat – na : Sing Ngaraos ilangna Rasa Jasmani, tanda ditarima ku Nu Maha Suci, kasilih ku Nur Muhammad.
RUKUN ISLAM KA OPAT “ PUASA”
 Jariah - na : atawa Syareatna Wujud urang teh nuju janten Jariah Allah, nuju di anggo ngarasakeun kumaha rasana nahan lapar, hanaang, birahi, dina waktu siang. Sadrah – na : atawa Tarekatna Dina nuju Sholat Khusu (Tazalli) Soleh – na : atawa Hakekatna Bersih, tina hawa nafsu anu goring anu mawa kana pibahayaeun/mak’siat. Ma’rifat – na : Kedah panggih sareng Romadhon anu sapertos Bulan Purnama caang jiga tanggal 14 (opat welas).
RUKUN ISLAM KA LIMA “ MUNGGAH HAJI”
Jariah - na : atawa Syareatna Wujud urang teh nuju janten Jariah Allah, Zarah ka Kuburan Nabi Muhammad Rasululloh SAW, teras ka Mekah Zarah ka Baetulloh. Sadrah – na : atawa Tarekatna Dina nuju Sholat Khusus/Tazalli. Soleh – na : atawa Hakekatna Bersih, ngalebur dosa urang, ilang Rasa Jasmani, ilang Rasa Rohani, tinggal Rasa Nurani (Rasa Allah) anu tiasa nyusul raratan Allah. Kapan dalilna :
 “ KULLI UMATIN WA RASULLIHI”.
Hartosna : Dina sakabeh umat pada katetepan Rasululloh, tegesna Rasa Alloh. Ma’rifat – na : Kedah ngarasa ngahiji Jasmani sareng Rohani, ngaraos nikmat gumulung antara HIRUP – RASA – WUJUD. Tah kitu rai..!, tumerapna JARIAH, SADRAH, SOLEH, sinareng SAREAT, TAREKAT, HAKEKAT, MA’RIFAT dina prak-prakan amal ibadah dina RUKUN ISLAM. Cing mangga etang ku rai !..., eta Rukun Islam anu lima, saban Rukun Opat-opat (Sareat- Tarekat – Hakekat – Ma’rifat), 5 x 4 = 20. Geuning eta Sifat dua puluh teh mangrupa Sifat-na Allah. Jadi Sifat 20 teh tina Islam….rai !. Rd. Muslimat : Hatur nuhun kang !..., perkawis babaran Rukun Islam anu di kaitkeun sareng Amal Jariah, Sadrah, Soleh, oge saban Rukun dijelaskeun Sareatna, Tarekatna, Hakekatna, sareng Ma’rifatna. Geuning ngalakonan Rukun Islam teh, ari dipesek mah kacida banggana nya kang !, teu asal wae geuning amal ibadah teh . Kang…!, tumali tadi kasabit-sabit Sifat 20 Allah atuh sakantenan bae ….. kumaha wiwincikannana ?
WIWINCIKAN SIFAT 20 ALLAH
Rd. Muslimin : Perkawis Sifat 20 Alloh, da ari hiji-hijina mah panginten rai oge parantos apal nya ?. Ayeuna mah urang sakantenan katerangannana, kieu geura :
WUJUD Hartina :
Aya Allah, moal euweuh. Ari tandana aya teh ku ayana Nafas. Samangsa-mangsa aya Nafas tangtu aya Hirup. Samangsa-mangsa aya Hirup, tangtu moal euweuh Allah teh, sabab Sifat Hirup teh tina Dzat Sifat-Na Allah.
QIDAM Hartina :
Allah ti heula, moal enya Allah pandeuri. Ari nyatana dina Wujud urang sifatna teh Panon. Ari awas panon teh ti heula, nyaeta anu ngabuktikeun Sifat. Buktina, waktu Bapa masih Bujang, Indung masih Lajang (Parawan), barang tepung tangtu Paadu Tingal. Saparantos awas Bapa sareng Indung, jorojoy manahna duanana ting sereset, nya akhirna Ngajodo anu saterusna ngabogaan turunan. Anu matak Panon heula anu ti heula.
BAQO Hartina :
Allah the Langgeung, moal keuna ku ruksak. Sategesna Baqo teh Dzat Allah anu Langgeung, nyaeta Hirup kagungan Allah SWT.
MUHALAFATUL LILHAWADISI Hartina : Beda Allah sareng anu anyar. Bedana teh kieu : Allah mah ningali teu karana Panon Allah mah ngadangu teu karana Cepil Allah mah ngandika teu karana Baham Allah mah ngangseu teu karana Pangambung Allah mah midamel naon bae teu karana Parabot, sareng sajabi ti eta. QIYAMUHU BI NAFSIHI Hartina :
Allah Jumeneng ku Anjeun, moal enya anu nga jantenkeun. Geuning Indung sareng Bapa urang waktu Sapatemon Rasa, henteu boga tekad arek nyieun anak, oge badan urang teu ngaraos di damel ku Indung Bapa. Geuning sidik jumeneung ku Anjeun, ngan urang mah disarengan ku Kersana Allah, cukang lantaran ka Rama, sareatna ti Ibu. Ari Hakekatna mah estu Kersana Allah. Eta wenangna Allah teh, wenang ngajadikeun, oge wenang teu ngajadikeun.
WAHDANIAT Hartina :
Sah Dzatna – Sah Sifatna – Sah Asmana – Sah Af’alna. Tumerapna dina Soca, Cepil, Pangangseu, Baham. Wiwincikannana kieu : Upama dina Soca Sah Dzat-na teh Awasna Sah Sifat-na teh Naon anu katingali Sah Asma-na teh Warna (Beurem, koneng, bodas, hideung jeung sajabana). Sah Af’al-na teh Sasat gawena tara pahili. Upama dina Pangangseu Sah Dzat-na teh Lamun ngangseu minyak seungit, tetep seungit, lamun ngangseu tarasi tetep bau. Eta sah na teh tara cidra. Sah Sifat-na teh Naon anu di angseu pasti Sah Asma-na teh Boh ngaran seungit, ngaran bau, ngaran hanyir, jeung sajabana. Sah Af’al-na teh Sasat gawena tara pahili. Kitu deui Cepil sareng Baham.
QUDRAT Hartina :
Allah teh kawasa. Kawasana Allah teu karana parabot/alat. Geuning upama urang boga maksud rek nyieun imah atawa naon bae, tangtu ku urang dipikir heula, dicipta-cipta ku ati. Upami geus kacipta, eta wangunan imah teh Ngadeg di jero ati (eta hakekatna). Kapan henteu make parabot teu naon-naon.
IRODAT Hartina :
Allah teh Sifat Keresa. Upami tadi ku Kawasana eta adegan Bumi parantos kacipta dina ati, kantun ayeuna mah jadikeun “Keresa” arek midamel Bumi tea (Kantun sareatna) ngabuktikeun Irodat. Tangtu dina Sareat mah kedah ngagunakeun parabot/alat katut bahan-bahan anu diperlukeun.
ELMU,
10. HAYAT. Ari Elmu mah ngahiji sareng Hayat. Ari Elmu teh Kanyaho, ari Hayat teh Caang. Pasti ngahiji, sabab Kanyaho teh kudu dina kaayaan caang. Moal aya kanyaho dina kaayaan keur poek. Ari di dunya mah (lahir) caangna teh dina Matahari, katingali ku Panon Jasmani. Sedengkeun dina Ilmu (Batin) mah, sing tepi ka caang teh dina Jero Ati (Mata Hate).
1. SAMA : Hartina : ALLAH Ngadangu teu karana Cepil.
2. BASAR : Hartina : ALLAH teh Uninga teu karana Soca.
3. KALAM : Hartina : ALLAH Ngandika teu karana Baham.
4. QODIRON : Hartina : ALLAH Kawasa.
5. MURIDAN : Hartina : ALLAH Kersa.
6. ALIMAN : Hartina : ALLAH Uninga.
7. HAYAN : Hartina : ALLAH Hirup.
8. SAMIAN : Hartina : ALLAH Ngadangu.
9. BASSIRAN : Hartina : ALLAH Ningali.
10. MUTAKALIMAN : Hartina :
ALLAH Ngandika. Eta anu tujuh di luhur ( Qodiron – Muridan – Aliman – Hayan – Samian – Bashiran – Mutakaliman ), aya nyatana dina diri, upama ka panggih tangtu hasil, kabuki hijabna Allah, kabingung teh tangtu leungit. Malah upama eta anu tujuh sifat-sifatna kapendak di sakujur diri, teras Tarekat-na geura pilari. Upama Tarekatna kasusul, tan wande Ma’rifat Jati kana Dzat Nu Maha Suci, anu Caang Sajero Ati. Kitu tah rai !...., wiwincikan Sifat 20 Alloh teh, sareng katerangannana kumaha masih aya keneh kapanasaran ? Rd. Muslimat : Cing kang…!, manawi aya katerangan anu sanesna, supados rada eces tur jentre !. Rd. Muslimin : Ari rai….!, sok nyosok jero, atuh sakitu oge cekap ulah sok hoyong eces teuing !. Rd. Muslimat : Kapan engkang keneh anu masihan bongbolongan, upami ngelmu sing katimu, ngaji sing ngajinis, ulah ngaji Asma wungkul moal jadi Iman. Kusabab kitu, rai mah hoyong dituduhkeun sareng barangna, sareng buktina. Rd. Muslimin : Mangga atuh ari kitu pamadegan rai mah, urang buktikeun sing sidik. Kieu geura rai !..., Sifat 20 teh dibagi 4 (opat), jenengan hiji-hijina nyaeta :
NAFSIAH, SALBIAH, MA’ANI sareng MA’NAWIYAH. Ari barang-barangna kieu :
NAFSIAH Nyaeta Nafas, Sifatna Irung.
SALBIAH Nyaeta Paninggal, Sifatna Panon.
MA’ANI Nyaeta Pangdangu, Sifatna Cepil.
MA’NAWIYAH Nyaeta Pangucap, Sifatna Baham.
Rd. Muslimat : Parantos apal kang…!, perkawis Sifat Dua Puluh di bagi opat mah, manawi aya keneh katerangan anu langkung jentre tina bukti anu 4 (opat) teh ?
Rd. Muslimin : Anu leuwih jentre mah kieu atuh : NAFSIAH Barangna Irung aya 1 bagian SALBIAH Barangna Panon aya 5 bagian : Bobodas Panon Hihideng Panon Kokoneng Panon Bebeurem Panon Heherang Panon MA’ANI Barangna Cepil aya 7 bagian : Legok Cepil aya 6 legok, ka tujuhna Liang Cepil MA’NAWIYAH Barangna Baham aya 7 bagian : Biwir anu handap – Biwir anu luhur Gugusi handap – Gugusi luhur Lalangit handap – Lalangit luhur Letah Jadi jumlah sadayana Dua Puluh. Perkawis Huntu mah, kapan datangna oge pandeuri, saparantos kaasupan aci-aci dunya, oge balikna oge pangheulana. Eta anu opat henteu papisah rai !..., kudu gulung jadi hiji. Pangangseu – Paninggal – Pangrungu – Pangucap. Upama kurang hiji moal sampurna, komo upama kurang dua, pasti moal katepi, sumawona upama kurang tilu beuki nyucud.
Rd. Muslimat : Aduh… hatur nuhun kang !, rai …parantos dipasihan terang perkawis Sifat 20 Allah dugi ka sareng jinisna, geuning nuduhkeun kadiri keneh. Paingan sanggeum dalil :
“ IQRO KITABAKA KAFA BINAFSIKA ALYAUMA HASIBA”, Hartosna :
Wajib pisan manusa ngaji teh masing ngajinis, nyaeta ngaji Sa-Adeging Diri / Badan.
Rd. Muslimin : Nyakitu atuh rai !, da ngaji kaluar tina diri mah kapan sanggeum hadist oge bakal kasasar, matak ngajauhkeun Nu Maha Suci, teu ngarasa sasarengan siang wengi ngaliputan. Ku sabab kitu saparantosna Ngaji Daluang teh kedah teras Ngaji Luang, nyaeta Rasakeun Daluang tea. Dihartikeun, dilenyepan, dirarapkeun kana diri, sing cocog sareng Sareatna, Hakekatna, terus nganggo Tarekat sangkan tiasa Ma’rifat. Sabab eta anu opat henteu papisah, kedah gulung jadi hiji, boh dina lakon Agama boh dina Elmu.
Rd. Muslimat : Ayeuna Rai !, bade naroskeun deui : Naha masih aya kebatna eta Sifat Dua Puluh teh ?
Rd. Muslimin : Atuh puguh aya terasna. Terasna teh janten Aksara. Margi Aksara oge kenging nyutat tina Adegan Manusa. Rd. Muslimat : Naha kumaha anu mawi di damel aksara ?, sareng kanggo naon ?
Rd. Muslimin : Aksara teh kanggo ngauningakeun (ngabuktikeun) Qu’ran anu jadi dasar Hukum Agama sakuliah Dunya, pikeun pituduh dina Cara Ibadah Jalma ka Nu Maha Suci. Sareng pikeun ngamankeun dunya, sangkan manusa di lahir, hirupna bisa waluya, repeh rapih sareng sasama, nangtukeun pikeun kasalametan di Akherat engke.
Rd. Muslimat : Ke….kang !, upami didamel aksara dina Al-Qur’an, naha cekap ku huruf anu dua puluh ? Rd. Muslimin : Tangtuna oge cukup, moal kurang sanajan ngan ku huruf dua puluh oge, malahan ari Hakekatna mah ku 17 (tujuh belas) huruf oge cukup ra !.
Rd. Muslimat : Ari huruf Qur’an bisa cukup ngan ku 17 huruf mah, asa teu acan kahartos, kapan sadayana oge parantos pada terang, yen huruf Qur’an mah aya 30 (tilu puluh) huruf.
Rd. Muslimin : Rai !..., tilu puluh huruf mah sareng rangkepannana, da ari bibitna mah pasti ngan 20 (dua puluh). Lantaran Sifat Dua Puluh eta, nya Sifat Gusti Allah, moal ngalangkungan atawa ngurangan tina Sifat Nu Maha Suci.
Rd. Muslimat : Tadi engkang nyanggemkeun, malahan Hakekatna mah ku 17 (tujuh belas) huruf oge cekap. Atuh beuki ngirangan, kamana sapalih deui ?, da panginten moal ical teu pupuguh, tangtu aya sumurupna. Mugi engkang kersa nerangkeun, ulah kapameng miwejang ka rai !.
Rd. Muslimin : Ari sumurupna mah pasti aya rai !, kieu geura : Sareatna kanyataan aksara dina Qur’an anu teu aya teh nyaeta aksara : Ca, Aksara Nya, Aksara Nga. Ari Sifat Allah teh aya Dua Puluh. Sedengkeun dina ibadah oge, cekap ku 17 (tujuh belas) rakaat sadinten sawengi teh. Tah…. Tarekatna mah, anu 17 rokaat teh pikeun nyusul anu 3 (tilu) sifat tea. Sareatna Ca – Nya – Nga, ari Hakekatna nyaeta Dzat – Sifat – Asma Allah. Sakali deui rai..!, anu 17 rakaat teh tegesna ngudag Dzat – Sifat – Asma Allah atawa merik Allah – Muhammad – Adam. Tah eta anu di tareangan teh.
Rd. Muslimat : Leres kang …!, diberikna Dzat – Sifat – Asma teh kudu ku 17 (tujuh belas) rakaat, waktu anu lima sadinten sawengi, rai oge ngalaksanakeun eta teh istuning ti aalit, tapi naha nya ..?, rai mah kekeuh teu acan kapendak eta Dzat – Sifat – Asma Allah teh ?, najan dicipta ku ati, weleh teu kaemut, anggur hate sering ambariyang, cus-cos kasagala rupi. Cing kumaha … eta kang…?, sangkan gawe teh ulah tanpa hasil ? Rd. Muslimin : Atuh sagala rupi oge rai..!, kedah sareng elmuna. Geuning dina hadist oge dijelaskeun : “ LAMUN AMAL HENTEU REUJEUNG ELMU, BATAL TEU JADI”. Buktina ku rai oge karaos panginten ?. Entong teuing bingung, eta pertanda ibadah urang henteu jadi, margi henteu bersih ati, jadina mang-mang hate. Upami hoyong bersih ibadah ka Nu Maha Agung, hempek geura pilari Tarekat Elmu Wali. Buktikeun hakekat huruf aksara anu tujuh belas tadi, pilari dina salira rai…!, Kujalan Tarekat Elmu Wali pikeun nyusul Dzat – Sifat – Asma Allah. Tanwande bisa kapanggih, katinggal ku Rasa Jati. Mimiti pilari anu tujuh belas…!. Da sami, dina Tarekat Agama tujuh belas, atuh dina Tarekat Elmu oge tujuh belas. Ngan bedana dina tarekat elmu mah, aksara anu tujuh belas teh, bareng dipakena, sawaktu teh tujuh belas – tujuh belas. Anu mawi bisa Ma’rifat kana Jatining Agami, sangkan urang keur di dohir sampurna ibadahna, ngalakonan Rukun Islam parentahna Kanjeng Nabi. Jadi alus pisan urang daek amal ibadah bari disarengan ku elmuna.
Rd. Muslimat : Nuhun…. Ku rai katampi piwejang engkang, kantun milari eta …. Tarekat Elmuna. Tapi rai mah… dina milarian teh moal kanu tebih-tebih teuing, nya sakantenan ka salira engkang seja guguru eta Elmu Tarekat. Aya keneh kabimbang, perkawis Huruf anu tilu tadi ( Ca – Nya – Nga ) anu henteu aya dina Qur’an. Eta naon margina ….?
Rd. Muslimin : Atuh rai…!, et amah bibitna, kapan bibit sagala rupa, anu langgeung teu owah gingsir : Dzat – Sifat – Asma, atawa Allah – Muhammad – Adam. Eta bibit saniskara anu aya, bibit Nabi, bibit Wali Jeung sajabana.
Rd. Muslimat : Naon margina, pakuat-pakait sareng Wali sagala…?
Rd. Muslimin : Kieu rai…!, upami teu acan ngartos mah : Geura eta aksara anu tilu Ca – Nya – Nga, cing cecekna aya sabaraha…?, pek itung aya sabaraha jumlahna….!.
Rd. Muslimat : Tiap huruf, aya tilu-tilu, jadi tilu huruf teh ?, jumlahna aya Salapan kang …!.
Rd. Muslimin : Tah…eta anu salapan teh Hakekatna Para Wali rai..!. Ari Sareatna Wali mah kapan aya di wewengkon Cirebon. Jadi upama aya Sareat pasti aya Hakekatna.
Rd. Muslimat : Nembe mah hakekat nyandak tina huruf tulis, kumaha ari Hakekat Wali di diri pribadi ?, da kapan kedah ngajinis ?, naha aya nyatana dina Wujud urang ?
Rd. Muslimin : Kantenan rai.. ay amah, cing eta bilang cecekna badan urang…!, aya sabaraha hiji liangna ? Rd. Muslimat : Liang dina Panca Indra aya 7 (tujuh)…, teras dihandap aya 2 (dua), janten sadayana aya 9 (salapan), ka 10 (sapuluh) Wali tunggal, nya tunggalna Wujud Pribadi. Rd. Muslimin : Nuhun pisan rai…!, geuning gampang ngarti.
Rd. Muslimat : Tapi sanaos kitu kang…!, rada bingung keneh, margi salaku wawakilna Rasululloh. Kumaha tah…kang…?
Rd. Muslimin : Eta leres rai..!, kitu pisan sareatna mah. Tapi hakekatna mah, eta naha rai…. Teu rumaos diurus siang wengi…? Kapan anu ngurus teh anu 9 (salapan) liang, sasat ngawakilan Rasul (Rasa). Ari Rasa kapan ghaib. Seperti : Rasa hoyong tuang, ngaleueut, diwakilan ku liang Baham. Rasa hoyong ningali, diwakilan ku liang Soca. Rasa hoyong ngangseu, diwakilan ku liang Irung. Rasa hoyong ngadangu, diwakilan ku liang Cepil. Rasa hoyong kahampangan, diwakilan ku liang Baga/Purusa. Rasa hoyong miceu, diwakilan ku liang Bujur.
Rd. Muslimat : Nuhun teuing…., kahartos ari kitu mah, leres teu tebih ti diri, kubawaning nya ngahiji, sagala rupi teh arasup ka wujud urang, kana saadeging diri, henteu ingkah, henteu ical ti salira. Bilih kabujeng hilap…, bade malikan deui kana Qur’an, ari perkawis gunana mah parantos diterangkeun pikeun tuduh jalan sangkan manusa teh, sajeroning di umbarakeun hirup di Dunya tiasa Pidunya Khasanah, oge tiasa Wa Pil akhiroti khasanah. Atuh perkawis riwayat hurufna atawa Aksara parantos dijelaskeun, sasat nyutat tina Sifat Allah, sareng tina saadeging diri manusa. Ayeuna anu hoyong dijelaskeun teh perkawis istilah sareng tahapan Al-Qur’an, nuhun-nuhun upami dijelaskeun sareng barangna, supados eces..!.
Rd. Muslimin : Perkawis istilah tahapan Al-Qur’an mah kieu : Istilahna teh Al-Qur’anul Majid Istilahna teh Al-Qur’anul Karim Istilahna teh Al-Qur’anul Hakim Istilahna teh Al-Qur’anul Adim Ieu Qur’an anu 4 (opat) istilahna teh, disarurahan ku sabagian Ajengan mah kieu : Al-Qur’anul Majid Nyaeta Qur’an anu aya Hurufna, anu umum sok dibaraca/di araji ku kaum Islam sadunya. Al-Qur’anul Karim Nyaeta Qur’an anu Mulya, tapi ari bukti barangna mah nyaeta eta keneh anu aya tulisannana. Al-Qur’anul Hakim Nyaeta Qur’an anu Adil tapi bukti barangna mah, eta keneh bae, Qur’an anu aya tulisannana. Al-Qur’anul Adim Nyaeta Qur’an anu Suci, palebah bukti barangna,….anggeur eta keneh anu aya tulisannana. Sabab cenah dianggap Suci sareng langgeung hukumannana ti dunya tug tepi ka akherat. Jadi disurahannana ku ahli Sara, bet diborong, opat istilahna, oge opat tahapannana, tapi barangna mah eta keneh-eta keneh. Tah lamun kitu rai…!, atuh sarua bae sareng Mi Gusti kana barang anyar, kapan Kitab Al-Qur’an anu aya tulisannana mah di tulisna oge ku manusa, oge keuna ku ruksak, naha bet dianggap mulya..?, dianggap agung…?, dianggap suci…?, tur dianggap langgeung deuih…?.
Rd. Muslimat : Tapi…kang, pamadegan kitu teh, panginten anggapannana kapan ayat-ayat Al-Qur’an teh pangandika Allah, pikeun tuduh jalan tea. Rd. Muslimin : Leres…, Al-Qur’an teh mangrupa kumpulan tina ayat-ayat Pangandika Allah…, tapi dina palebah ngama’naan istilah sareng tahapannana mah ulah salancar, eta teh nuduhkeun Masing kapanggih eusina, sing kapanggih barangna, sing kasungsi sareng anu Ngandikana. Geuning Pangandika Rasululloh oge :
“ WA ASMAIHI TA’ALA ABADAN BIL KUFRO ”. Anu hartosna : Saha-saha jalma anu ngan ngaji Asma Allah Ta’ala, badis tetep kafir “ (lamun teu katimu barangna). Isarat tina eta hadist, mere tuduh supaya ngaji teh sing Ngajinis. Ulah ngadeluk dina Asma, atawa ngadeluk dina pituduh, atuh moal tepi-tepi.
Rd. Muslimat : Ari saleresna…, kumaha atuh ngamaknaan eta istilah sareng tahapan Qur’an teh ?
Rd. Muslimin : Geura kieu rai..!, urang terangkeun :
Al-Qur’anul Majid
Eta mah cocok barangna nyaeta Qur’an Majaji (Sareat) anu buktina aya Huruf/Aksarana,
Al-Qur’anul Karim
Anu hartina Qur’an anu Mulya, ari bukti barangna nya Panangan katut Ramo. Sabab sidik jolna eta Aksara/huruf teh kapan ditulis ku panangan katut ramo-ramona.
Al-Qur’anul Hakim
Anu dihartoskeun Nyaeta Qur’an anu Adil ari bukti barangna nyaeta Paninggal / Soca. Sabab eta panangan katut Ramona teh moal bisa nulis kalawan sampurna upami teu aya Paninggal/Panon mah.
Al-Qur’anul Adim
Anu hartosna Nyaeta Qur’an anu Suci sareng Langgeung, palebah bukti barangna nyaeta Hirup. Sabab boh panangan katut Ramona, boh paninggal/panon nya moal tiasa nanaon upami henteu aya Hirup mah. jadi sategesna anu Suci, nu Langgeung teh, nyaeta Hirup anu mimiti ngayakeun eta Al-Qur’an. Tah kitu Rai..!, perelean eta opat istilah Qur’an teh. Kusabab kitu, upami rai… hoyong dugi ka nu Suci-na, kana sampurnana eta Qur’an, wayahna kedah di Aji sadayana. Mimiti urang kedah kersa maca Qur’anul Majid, eta bagian Elmu Sareat. Saparantosna dibaca kedah teras di aji (diajen) dihartikeun pimaksudeunnana. Upami parantos kahartos, geura pilari bari dipidameul Tarekatna sangkan karasa. Margi eta Qur’anul Majid, mangrupa tuduh jalan pikeun Uninga ka Allah, ka Rasululloh. Carana lian ti ku Tarekat nyaeta :
Qur’anul Karim, hartosna ngaji padamelan Panangan sareng Ramo, anu sakira baris kauninga tur dugi ka Hakekat Allah, ka Hakekat Rasululloh, sangkan panangan sareng ramo-ramona teh jadi Mulya. Tina Qur’anul Karim…, ningkat deui kana Qur’anul Hakim, ieu mah bagian Elmu Hakekat. Nyaeta ngaji padamelan paninggal/panon. Tegesna Sidik kana barang nu Langgeung, nyaeta Hakekat Allah Ta’ala sareng Hakekat Muhammad Rasululloh, nya anu disebat oge Qur’anul Adim anu langgeung tea, atawa Sifatna Hirup. Sanggeum dalilna oge : “ RU’YATULLOHI TA’ALA FII DUNYA BI’AENIL QOLBI ”. Hartosna : Ningali Hakekat Allah Ta’ala ti dunya ku awasna mata qolbu/hate. Tegesna kedah ku Hakekat Rasululloh, da sifat jelema mah moal aya anu Ma’rifat ka dinya, da jelema mah ngan ukur dipake tempat keur ningali Rasululloh ka Allah Ta’ala. Tah samangsa-mangsa Wujud urang parantos tiasa dipake ningalina Rasululloh ka Allah Ta’ala, tangtu ramo urang tiasa nyaritakeun yen parantos ngaku terang ka Allah, lantaran parantos dipasihan terang ku Rasululloh. Jadi urang mah kabawa ni’mat ku Rasululloh ti dunya dugikeun ka akherat.
Rd. Muslimat : Aduh… hatur nuhun kang..!, perkawis opat istilah Qur’an parantos dijelaskeun bari sareng hakekatna. Nanging aya keneh ka panasaran.., anu bade ditaroskeun teh, eta aya cariosan kieu :
“ ARI NGAJI TEH SING NGAJINIS, NGAJI QUR’AN TEH OMAT SING PANGGIH ALIPNA”, margi ceunah upami ngaji teu kapanggih Alipna, bakal A – I – U Saumur-umur oge. Kitu tah…kang…!, rai mah masih keneh bingung.
Rd. Muslimin : Eu..euh…kitu, atuh et amah kedah diterangkeun :
RUMUSAN QUR’AN SARENG TUMERAPNA DINA DIRI
Kieu geura rai…! : Ari Al-Qur’an teh seueurna 30 Juz, ari sa-Juz-na teh 9 Lembar. Pek kalikeun 30 Juz x 9 Lembar = 270 Lembar. Terus jumlahkeun 2 + 7 + 0 = 9 Ayeuna terapkeun sareng Diri Manusa, dina kandungan Indung lamina 9 Bulan, ari sabulan teh 30 poe. Pek dikalikeun 9 bulan x 30 poe = 270 poe. Terus jumlahkeun 2 + 7 + 0 = 9 Cing kumaha tah… rai !, upama ku katerangan kitu..?, da ceuk engkang mah pas.. Ari dina Qur’an mah 30 Juz sareng 9 Lembar, di diri manus amah 9 bulan sareng 30 poe. Urang teraskeun deui : Ari eusina anu 30 Juz teh, nyaeta 114 Surat sareng 6666 Ayat. Terus urang jumlahkeun : 114 Surat : 1 + 1 + 4 = 6 6666 Ayat : 6 + 6 + 6 + 6 = 24 dijumlahkeun : 2 + 4 = 6 Tah anu 6666 Ayat teh, ari sari patina mah kawengku ku 7 (tujuh) Ayat, nyaeta SURAT AL-FATIHAH. Anu matak pantes atuh, solat oge henteu sah upama henteu maca Al-Fatihah. Anu 7 (tujuh) Ayat oge (Surat Al-Fatihah), ari sari patina mah kawengku ku sa-Ayat, nyaeta Ayat AL-BASMALAH (BISMILLAHIRRAHMANNIRROHIM).
Cing rai..!, sabaraha Kecap / Engang eta “ Bismillahirrahmannirrahim” teh ?
Rd. Muslimat : Mangga ke … urang etang : BIS – MI – LA – HI – ROH – MA – NI – RO – HIM. Janten 9 (salapan) Huruf kang..!. Rd. Muslimin : Tuh geuning pas, sareng jumlahna anu 30 Juz x 9 Lembar tea, 270 Lembar dijumlahkeun deui jadi sami 9. Anu mawi 270 Lembar, 114 Ayat, 6666 Surat teh, sari patina kawengku ku Surat Al-Fatihah (7 Ayat), kawengku deui ku sa-Ayat ( Bismillahirrahmannirrahim), anu jumlahna tetep 9 (salapan). Cing ayeuna ku rai pilari, cocokeun, jiniskeun, naon barangna dina diri….? Rd. Muslimat : Bade…. Nyobi-nyobi kang ….. Soca : Ka ancikan Awas Cepil : Ka ancikan Dangu Pangambung : Ka ancikan Angseu Baham : Ka ancikan Ucap Uteuk : Ka ancikan Eling Hate : Ka ancikan Pikir Saraf : Ka ancikan Rasa Panangan : Ka ancikan Obah/Gerak Sampean/Suku : Ka ancikan Lengkah Oge tiasa disurupkeun ka anu ngawakilan Rasa : Soca : Aya 2 Cepil : Aya 2 Pangambung : Aya 2 liangna Baham : Aya 1 Palarangan : Aya 1 liangna Bujur : Aya 1 liangna Jumlah = 9 (Salapan) Kumaha upami pamendak rai…., kitu kang ?
Rd. Muslimin : Tah geuning tos rada calakan ayeuna mah. cing ayeuna geura pilari, surupkeun naon barangna dina diri, anu jumlahna genep, tina jumlahan Ayat anu 6666 sareng 114 Surat tea…!.
Rd. Muslimat : Ah.. ragu-ragu keneh kang…!, saena sakantenan terangkeun ku engkang…!. Rd. Muslimin : Ari anu Genep mah, surupna teh ka anu bukti (lahir), sareng ka anu teu bukti (batin) : Anu Bukti (Lahir) : Mastaka (ti beheng ka luhur) = 1 Panangan = 2 Awak (ti taktak tepi ka bujur) = 1 Suku = 2 Ari anu teu bukti (Batin) : Dzat (Hirup) anu ngaliputan Nur (Sifat Hirup) Sir (Rasa ) Roh (Nyawa) Qolbu (Hate ) Nafsu (Akal ) Tah anu genep ieu, booh anu batin boh anu lahir, dina sarining dumadina dibagi ku 3 (tilu) nyatana : TEKAD, UCAP, LAMPAH, jadi dua-dua, anu nyaksi sareng anu disaksi : Tekad disaksi ku Rasa Ucap disaksi ku Ceuli Lampah disaksi ku Panon Kitu rai…, sari pati sarining laku urang siang wengi anu kudu ati-ati teh, bisi ti soledat. Boh ti soledat Tekad, ti soledat Ucap, oge ti soledat Lampah, ku pangaruhna ki Nafsu anu sasarannana kana Tahta, Harta, Wanita/Pria.
Rd. Muslimat : Lerse pisan kang…!, paingan sanggeum sepuh : Lamun maneh hayang salamet hirup, poma sing bener tekad, ucap, jeung lampah. Sing horeng geuning mangrupi Patokan anu utama pikeun sapanjang di umbarakeun di Alam Dunya ieu. Cing kang…!, kapalang surupna anu jumlahna 7 (tujuh) tina Ayat Surat Al-Fatihah tea…!.
Rd. Muslimin : Dupi anu jumlah 7 (tujuh) mah rai…!, upami bade surupkeun : kana 4 (opat) indera, geura jumlahkeun : Soca aya 2 Cepil aya 2 Panganbung aya 2 Baham aya 1 Upami bade di surupkeun kana Sa-Adeging Diri mah kieu :
1. Soca 2. Cepil 3. Pangambung 4. Baham 5. Panangan 6. Palarangan 7. Sampean Rai…!, ku tujuh rupi ieu, anu tiasa ngabuktikeun kana hasil Batin ( Cipta, Rasa, Karsa ). Laku anu tujuh ieu anu ngawengku sagala tekad jalma. Tapi euihh….rai…!, tiasa ayana Cipta – Rasa – Karsa sareng Karya teh, upami manusa anu kakucuran Taufik sareng Hidayah, tiasa mencrang kalbuna, emutannana, da anu henteu mah geuning disebatna oge Poekeun Pikir. Tah pangna aya Mencrang, Caang teh , eta anu kakucuran Welas sareng Asih Nu Maha Suci. Ari sifat welas asih Allah teh, kapan kaunggeul dina,
Ayat : BIS – MI – LA – HI – ROH – MA – NI – RO – HIM (kecap aya 9, ari hurufna aya 24 ). Salajeungna rai..!, eta ayat “ BISMILLAHIRROHMANNIRROHIM” teh, museurna dina huruf Be ( ﺐ ). Geuning ari ngaji sok dikawitan ku ngucapkeun Bis heula. Tapi sing emut…!, sok sanaos dikawitan ku Lafad Bis, kapan ari huruf Qur’an mah, samemeh Be teh aya huruf Alip ( ﺍ ). Jadi dina enas-enasn amah ngaji teh nareangan tur masing kapendak eusina Alip. Ari Alip ( ﺍ ) kapan di ejahna teh kieu :
Alip dijabar = A
Alip dijeer = I
Alip dipees = U
Upami teu kapanggih eusina Alip, Saumur-umur oge ngajina a – i – u. Kitu tah rai…!.
Rd. Muslimat : Kumaha kang….!, upami sakantenan bae atuh, rai pasihan gambaran supados henteu a – i – u, ngaji cangkang bari kana eusina mah lebeng.
Rd. Muslimin : Kieu geura rai..!, sakadar gambaran : Ari aksara Alip teh di wangun ku huruf A, L, P. A tegesna Kadim nyaeta Hirup L tegesna Kidam nyaeta Rasa P tegesna Mukadas Kadim nyaeta Wujud Jadi Alip ( ﺍ ) teh rai…!, gambaran ADEGAN DIRI anu diwangun ku Hirup, Rasa, Wujud. Ti dinya kakara arek gelar, nya kana Lafadz :
BIS = Asal / Bakaling Hurip
MI = Mulyaning Hurip
LLAHI = Sajatining Hurip
ROHMAN = Sifat Welas
ROHIM = Sifat Asih Ningkat deui kana Lafadz Al-Hamdu (ﺍﻠﺤﻤﺪ ), 5 (lima) huruf/kecap nyaeta :
A – La – Ha – Ma – Da (ﺍ- ﻠ - ﺤ - ﻤ - ﺪ ).
Ieu janggelekna tina kudu boga Rasa – Rumasa ti manusa, asal ti Mantenna, atuh usik malik ku Mantenna, sapantesna kudu Muji, Ruku, Sujud, ka Manten-Na. hiji ciri yen Martabat manusa sahandapeun MantenNa, nya dibuktoskeun tina Huruf/kecap Alhamdu teh jadi pagawean wajib 5 (lima) Waktu :
Huruf Alip jadi Lohor
Huruf La jadi Ashar
Huruf Ha jadi Magrib
Huruf Ma jadi Isa
Huruf Da jadi Subuh
Anu jumlah rokaatna sadayana aya 17 (tujuh belas) rokaat. Gambarannana Sapertos kieu :
Huruf Al-Fatihah nyaeta Wujud tina Sholat 5 Waktu Dicandak tina Kecap “Al-hamdu” ﺍَﻠـﺤﻤﺪُ Perwujudan : At-Tahiyat - Sujud - I’Tidal - Ruku - Kiyam ( Takbiratul Ikhram )
Rd. Muslimat : Cing kang…..!, manawi aya pereleannana deui..?
Rd. Muslimin : Kantenan aya mah, kieu geura :
Waktu Lohor : Pangna aya 4 rokaat, sabab dina diri manusa aya Nafsu / Akal, anu jalanna kana Panon (2) sareng Cepil (2).
Waktu Asar : Pangna aya 4 rokaat, sabab dina diri manusa aya Roh / Jiwa, anu jalanna kana Panangan (2) sareng Sampean (2).
Waktu Magrib : Pangna aya 3 rokaat, sabab dina diri manusa aya Sir / Rasa, anu jalanna kana Irung (2 liang) sareng Baham (1 liang).
Waktu Isa : Pangna aya 4 rokaat, sabab dina diri manusa aya Nur / Cahaya, di sabab Madhab ( Harep, Tukang, Kenca, Katuhu ).
Waktu Subuh : Pangna aya 2 rokaat, sabab dina diri manusa aya Hirup, anu rumaket sareng Jasad. Atuh dina saban rokaat oge kapan aya 5 (lima) gerakan :
Takbiratul Ikhram, eta gambaran tina
huruf Alip ( ﺍ ) Ruku, eta gambaran tina
huruf Lam Awal ( ﻞ ) Sujud, eta gambaran tina
huruf Lam Akhir ( ﻞ ) Lungguh, eta gambaran tina
huruf He ( ﻪ ) Anu matak rai….!, pantes yen Solat teh sok disarebat Tihangna Agama, janten pagawean Fardhu, cirina jalma anu ngabogaan Rasa, Rumasa jeung Tumarima. Ngan sing emut yen Solat mah nomer dua, da nomer hijina mah Sahadat dina Rukun Islam oge, et amah da tatapakannana atawa pondasina.
Rd. Muslimat : Naha pangna kitu kang…!, naha aya asal usulna..?
Rd. Muslimin : Iiiih… atuh kantenan ay amah ….!. Piraku can kapaham keneh, kapan gelarna Agama oge sami wiwitanana mah tina poko anu kantos diterangkeun ti payun, nyaeta :
Ayana Sahadat teh tina Johar Awal, janten Lafadz Ashadu ( aya 4 (opat) huruf/kecap : A – Sa – Ha – Da ) : A Jadi Dzat = Alip ( ﺍ )
Sa Jadi Sifat = Lam Awal ( ﻞ )
Ha Jadi Asma = Lam Akhir ( ﻞ )
Da Jadi Af’al = He ( ﻪ ) Ayana Solat, tina Cahaya Berem
Ayana Zakat, tina Cahaya Koneng
Ayana Puasa, tina Cahaya Bodas
Ayana Munggah Haji, tina Cahaya Hideung.
Tah kitu asal usulna mah rai..!. anu larapna atawa prakna ibadah, sakumaha parantos diterangkeun ti payun, yen Sareatna, Tarekatna, oge Hakekatna sareng Ma’rifatna.
Rd. Muslimat : Hatur nuhun kang….!, paingan sagala rupi oge kedah pendak pokona nya, geuning balik deui, balik deui kadinya. Kang mengpeung teu acan tebih ieu obrolan, eta mugi dijelaskeun kecap Dzattulloh, Sifatulloh, Asmaulloh, Af’allulloh….! Rd. Muslimin : Euhh…perkawis eta…, insya Allah urang jelaskeun. Anging hanjakal ….ieu parantos waktos neteupan Asar…!, atuh netepan heula…!, teras engke urang sambung deui ieu obrolan teh. Wassalam ………! ( Bersambung ka Jilid III )